Ceuk neng Nia, perjalanan Baduy Jero ka Jakarta teh
dipilampah dua dinten.
Maranehana teh lamun angkat-angkatan teu sagawayah,
nyungkeun idin heula ka Puun (kepala adat Suku Baduy).
Ku Puun teh dibatesan lamun nyaba ka Jakarta (dan
sekitarnya) ngan diidinan 5 dinteneun.
Hebatna urang Baduy teh, cekap ku dipasihan informasi
saeutik, nepi ka alamat anu dituju.
Siga kamari waktos ka bumina neng Nia, manehna ngan
dipasihan peta dina sacewir kertas sareng nomor
telpon. Petana oge ngan ngagambarkeun jalan margonda
jeung jalan Ir. juanda, jl. Kalimantan nomor 136.
Kuring yakin, maranehanana pasti teu tiasa baca tulis.
Tapi waktu kuring papendak di jalan teras ningali
roman mukana, jorojoy aya kahayang mantuan.
Upami memang bade ngundang Urang Baduy dina acara
halal bihalal, dua minggon deui neng Nia bade ka Baduy
Jero, tiasa titip wartos, sareng dipasihan terang
ancer-ancer tempatna. Malihan mah Neng Nia oge nawisan
sing saha anu bade ka Baduy Jero, anjeunna kersa
ngarencangan (janten gaid/guide).
Baktosna,
mrachmatrawyani
--- Cecep Wahyu <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> teu kenging numpak kandaraan??
> kumaha tah cariosna tiasa dugi ka Depok ti Baduy
> dalem??
> mun abdi nyalira.. karek mapah 100 meter oge ari teu
> kapaksa teuing mah alim
> ah...
>
> anu aya oge pun bapak anu yuswana ayeuna 68 taun..
> sok mecakan keneh cenah
> kiat teu mapah ti Cicadas dugikeun ka IKIP ( UPI )
> saur pun bapak teh ayeunamah mapah ti Cicadas dugi
> ka UPI teh mani dugikeun
> ka 2jam. ( teu ngarti kanu jadi bapak da. )
> ieu ti Baduy dugikeun ka Depok, sabaraha lami kang?
>
> Beu.. beu.. nyaan aya keneh anu model kitunya??
>
> Baktosna,
_______________________________
Do you Yahoo!?
Declare Yourself - Register online to vote today!
http://vote.yahoo.com
------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~-->
Make a clean sweep of pop-up ads. Yahoo! Companion Toolbar.
Now with Pop-Up Blocker. Get it for free!
http://us.click.yahoo.com/L5YrjA/eSIIAA/yQLSAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~->
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
Yahoo! Groups Links
<*> To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/
<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
http://docs.yahoo.com/info/terms/