Teu tisasarina  isuk  isuk keneh mang Sadeli geus singkil, biasana mah panon poe can moncor kana bilik mah can waka hudang, angger we morongkol tur pabeulit jeung sarung dodotna. Tapi isuk harita mah beda, panampilanana geus ginding, awakna geus melenghir, buukna geus leucir, siga nu nek indit jauh. Puguh we pamajikanana  heraneun, pok nanya.
" Bapana..nek indit kamana ieu teh ?"
" Nek ka Cikeas !" jawabna pondok
" Ka Cikeas...ka imahna SBY ?" ceuk pamajikanana nyanyahoanan. Kiwari ngaran  Cikeas teh ngadadak tenar tur remen pisan diomongkeun, sabab diwewengkon eta pisan calon persiden anu katelah SBY nganjrekna, komo saprak SBY geus dipastikeun unggul mah teu sirikna unggal jam aya nu datang timimiti pajabat, guru honorer, para pagawe anu nek di parehaka jrrd. Daratang mawa maksud jeung tujuan anu beda beda. Malahan ceuk nu rahul mah aya kelompok ibu ibu arisan ngahaja nek ngocok arisanana ngadon ditempat SBY, sakalian cenah silaturahmi.
" Enya ka imahna SBY !" jawab mang Sadeli bari kakaratak kana lomari siga aya nu diteangan. " Emana.... ijasah bapa dikamanakeun ?" 
" Har ari bapana...lain SD ge pan nepikeun ka kelas tilu lin? make nanyakeun ijasah sagala...nya jang nanahaon atuh ?"
" Keur ngalamar deuleu...sugan we aya lowongan jadi mentri !"
" Heuheuy deuh...cik atuh usap beungeut, Istigfar, ulah ngalindur wae da geus beurang ieu teh !"
" Tong sok kitu...bapa ge sadar deuleu..malahan leuwih tisadar...wajar deuleu lamun bapa aya maksud ngalamar jadi mentri, sabab emana ge nyaho lin suara SBY dilembur urang unggul. Cing saha nu baheula gogorowokan kampanyeu, pan nu kieu patut !" ceuk mang Sadeli asa pangjasana, bari terus kencling indit.
" Bapana eta naon anu dina map ?" ceuk pamajikan mang Sadeli, dumeh ningali salakina ngagigiwing map.
" Teuing atuh da manggih ti handapeun hambalan baju !"
" Bapana...montong dibawa eta mah surat kawin !"
" Jeun teuing ah !" tembal mang Sadeli teu malire bari terus ngungkug indit.
 
Di satengahing jalan mang Sadeli papanggih jeung mang Kohir kumplit jeung pamajikanana. 
" Li..silaing nek kamana geus ginding euy ?"
" Nek ka Cikeas, ari iling nek kamana make dikawal sagala geuning?!" pokna bari ngareret kapamajikan mang Kohir.
" Ka Cikeas, ka imahna SBY ?" mang Kohir malik nanya
" Heueuh !"
" Atuh kaparengan, puguh dewek ge nek kaditu!"
" Har nya aya naon ?"
" Puguh kieu euy..pan pamajikan dewek teh keur nyiram , teu gugur teu angin ujug ujug hayang ningali jegrigna SBY,sukur sukur cenah bisa sasalaman, mun teu kalaksanakeun,  pasti anak dewek jagana ngelay euy !"
" Beu...beu..kaya kieu mah beurat jadi persiden ayeuna mah  euy, buktina can nanaon ge sagala tetek jeung bengekna permasalahan tumplek kana taktak persiden !"
" Ari dipikir saliwatan mah enya siga kitu, tapi pan persiden ge engkena ngangkat mentri jeung kabinetna !"
" Puguh eta nu jadi pikiran dewek teh !"
" Naha kitu ?"
" Puguh maksud kaditu teh, dewek nek ngalamar jadi mentri, kumaha mun lamaran eta ditarima heug dewek diangkat jadi mentri Deperindag atawa menko ekuin meureun unggal poe teh kakantor dewek loba nu demo, patani nungtut harga gemuk murah, ray poena ibu ibu nungtut harga sembako murah, poe sejena LSM nungtut harga BBM  murah, tada teuing rieutna...ah kajeun bedo we...bedo jadi mentri !"
" Jadi bedo indit ka imah SBY ?"
" Jig we silaing...dewek mah jadi hoream barina ge itu sijalu can dipangalakeun jukut !"
" Beu mun kitu mah dewek ge bedo euy, jeung deui aya beja poe ieu ditempat SBY moal ngayakeun open house. Kumaha mamahna mun ningali SBY teh dina tivi wae  atuh !" ceuk mang Kohir bari neuteup pamajikanana.
" Duh utun inji hampura ema mun jaga hidep ngelay, sakali deui hampuraaaa..... !" ceuk pamajikan mang Kohir bari ngelus ngelus beuteungna anu keur sumedeng bungkeyang./sr
 


Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id



Yahoo! Groups Sponsor
ADVERTISEMENT
click here


Yahoo! Groups Links

Kirim email ke