Sampurasun,
Nepangkeun sim kuring warga Kota Tasik nungumbara di Jakarta gara-gara tugas, saminggu sakali sim kuring wara wiri Jakarta-Tasik, puguh we seeur suka duka nukaalaman kusim kuring di sapanjang jalan,timimiti lancarna jalan,macetna jalan,kulak kelokna jalan ka Jonggol, tepung jeung bubaran pagawe pabrik Kahatex di Rancaekek,heureutna tanjakan Nagreg,jeung seringna kacilakaan di daerah Gentong ( Ciawi ).
Lain complaint ieu mah, ngan asa miris we hate teh dumeh seringna kasaksi ku sim kuring kajadian kacilakaan di Gentong, contona peuting Tadi mobil Mini bus ( mitsubishi ) tabrakan jeung Carry ti arah Tasik tepika ringsek, 20 meter ti titik kajadian tadi aya mobil fuso nyangsaya di gawir,1 km tikajadian mobil fuso nyangsaya aya container ngesot teu daek maju ditanjakan, atuh antugna macet.
eta kajadian diluhur lain diaya2, sering kasaksi ku simkuring kacilakaan lain ti eta dina waktu nu enggeus2.
Duka kondisi jalan nu teu aman,atanapi supir nu ninggang apes, intina sim kuring teh asa honcewang lamun ngaliwat ka tanjakan gentong, ari kahayang mah Pajabat terkait ngarenovasi eta jalan, contona :
1. Gedean bahu jalan nu utama pelebah kelokan jeung tanjakan
2. Bere lampu pelebah daerah rawan kacilakaan
3. Sadiakeun Tanggul pas Gawir jurang
Sim kuring ngahaja ngirimkeun ieu surat kamilis ieu, sugan jeung sugan we aya Pupuhu ( Pajabat )jeung Nonoman nu paduli kana kondisi jalan,
sabab ari ceuk sim kuring mah " Safety First " keur naon nepi ge ari badan tunggara mah.
Waluya........
Yahoo! Messenger - Communicate instantly..."Ping" your friends today! Download Messenger Now
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
| Yahoo! Groups Sponsor | |
|
|
Yahoo! Groups Links
- To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.

