Nyaeta Mitos kang Dur...
da kulawargi oge kitu, mun lalakina Jawa teu pasi masalah cenah ( kaleresan
raka abdi anu awewe tilu, sadayana ngengengkeun urang Jogja ).
tah saurna upami pamegetna Sunda istrina Jawa, saurna dina awetna oge awet
rajet, awet tapi loba guntrengna loba paseana jeung hese rek majuna..cenah
eta oge... ari sim kuring kaleresan deuih pun biang teh turunan Sumedang
Solo.

Tong boroning batur anu lain Urang Sunda, dalah sim kuring nyalira wae oge
rada dicaram ku pun biang teh, saurna " Anak mamah anu bungsu lalaki, hayang
ke meunangkeun teh tong Urang Sunda.. pokokna mun bisa mah rek urang mana
wae pek teu nanaon ngan ulah urang SUnda.." abdi oge rada reuwas sih, kunaon
beut teu kenging? padahal nu jadi indung oge turunan Sunda, sanaos teu 100%
turunan Sunda, oge lahirna teu ditanah Sunda tapi di Ambon.. angger wae da
bahasa namah bahasa SUnda..

ari teun saleresna mah aya pangalaman pribadi.... pokokna disebatkeun tong
jeung urang ieu, urang itu.. anu disebatkeun kenging teh urang Cirebon..
tapi pas abdi ngengingkeun urang JAwa, aya oge geuningan nyarios.. mun
lalaki Sunda ngawin awewe Jawa, hartina ngawin ka Indung.

tah kantos kapungkur ditaroskeun, borolo wae kapungkur teh ti Ua Sas sareng
anu sanesna, ngawitan ayana Mitos Sunda Jawa teh geuninga awalna mah tina
perang Bubat... 

aeh ngadon kapanjangan, tapi da kangge abdi pribadi mah teu ngaruh anu
namina mitos, da sagalana oge kumaha anu ngajalankeun kumaha anu
ngalaksanakeun..

cag ahhh... jadi ngacapruk teu puguh..

Baktosna


-----Original Message-----
From: durahman [mailto:[EMAIL PROTECTED]
Sent: Friday, October 01, 2004 12:40 PM
To: Nia Sri Winiarsih
Subject: Re[2]: [Urang Sunda] Re: Aya naon jeung Urang Sunda ?

Nambihan. Rerencangan sim kuring urang padang, pameget. Sateuacana
ngumbara ke jakarta di papatahan ku indungna. Cenah, "Mun di jakarta
omat tong bobogohan jeung wanoja sunda. Tue hade."

nAMBIHAN nu kadua. Aya istri sareng pemeget dewasa sanes suami istri
keur ngobrol. Pamegetna teh urang sunda sementara anu istrina urang
jawa.

Pameget: "Saya teh duda, mbak. Istriku minta cerai. Ya...itu salah ku
juga sih kabengbat ka rangda."

Istri: "Makanya cari cewek orang solo aja, mas. Merekamah setia.

(naon hubungananya. Asa teu nyambung jawaban si Istri urang jawa,
teh.)

Tah kitu pangalaman sim kuring. Kabehge stereotip negatif ka urang
sunda teh teu bener. Dan nu boga sifat teu hade teh lain urang sundana
tapi oknom. Jaba ti eta 'ke tidak hadean' pan bisa wae aya di urang
jawa, padang, batak, jrrd. Urang sunda oge sami sareng manusia sejena.
Manusia biasa anu bisa saja salah.



-- 
Wasalamu'alaikum Wr. Wb.,
durahman 


------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
Make a clean sweep of pop-up ads. Yahoo! Companion Toolbar.
Now with Pop-Up Blocker. Get it for free!
http://us.click.yahoo.com/L5YrjA/eSIIAA/yQLSAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 

Kirim email ke