Nuhun Apih, parantos masihan sisi pandang nu mentak ngiatkeun lengkah supados teu putus harepan ti Rahmat mantenNa, ani panuju pisan rehna upami ngemut alesan na mah, mentak sedih, mung ngemut teu acan jodo panginten eta nu langkung sae, kumargi ani teu terang naon nu bakal karandapan ku urang upami diteraskeun atanapi di paksakeun.
 

neng an...

-----Original Message-----
From: Siddik Wiradireja [mailto:[EMAIL PROTECTED]
Sent: Thursday, September 30, 2004 8:39 PM
To: [EMAIL PROTECTED]
Subject: Re: [Urang Sunda] Aya naon jeung Urang Sunda ?

Sabar geulis....., ari namina "sanes Jodo" sok aya bae alesan/panghalang, anu saur pangemut urang mah teu pira.
Sami sareng pati, cobi bae ; Jalmi dedeg sembada saur dokter 100 % sehat, namung upami Allah tos ngersakeun mah, apan maotna rupi-rupi alatanana, aya ku rajapati aya ku kacilakaan.
Janten eta sadayana kajantenan taya sanes mung "henteu jodo", ulah ninggal ayeuna teu kasatujuan kupara sepuhna (margi matak sedih ngemutkeun nasib), namung urang bandungan rusiah naon anu aya dina eta teu kapanujuan pihak kulawargi pameget, insya
Allah kapayun tiasa kasaksian :"naon margina ??".
Sakali deui sing sabar, bari tawekal masrahkeun sadayan ka MantenNa.
 
Pihatur
SSW





Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id



Yahoo! Groups Sponsor
ADVERTISEMENT
click here


Yahoo! Groups Links

Kirim email ke