Asiiiiik ,  si teteh rek  dilongok ku Mang Jojo, daek benghar.!, atoh pisan ....., Iraha atuh Mang..?...sok ah.!!, diantos.......ah, bade di suguhan semanggi wae nya, ieu mah sanes semanggi 2,, semanggi anu aya kurupuk gendar, sok mang enggal kadieu, matak deudeuieun di suguhan semanggi mah....he he
Muhun mun bade kamana-mana ulah heunteu kedah candak si teteh, muhun si teteh anu aya di bumi mang Jojo.......kitu sanes..he he
 
teh tien
( Nyaan hayang pendak euy jeung mang Jojo.....)

Mang Jojo <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Heuheuy deuh si Teteh nuju suka bingah, dilongok ku wargi
Kusnet, kacipta  pakpikpekna sasayagian,  henteu nganggo
EO kitu ? Hiji waktos mah hoyong  nganjang ah  pami sim
kuring kaleresan ka Ketintang.

Sasih kamari emang aya nu ngajak ulin ningal pabrik
komputer di P.Pinang, nyimpang heula di KL,  hanjakal teu
tiasa tepang sareng kang Ilen sareng si Abang Roslee,
pareumeun obor, alamatna hilap nek nalipung teh. Ti Pinang
mulangna ngalangkung pasisian ka Johorbahru teras naek
beus hayang nepungan wargi di Batam, tapi kapahung di
nagri Sing,  di berok sababaraha menit di kantor kapala
imigrasi ( duka disangka pendatang haram atawa jalma
durjana, emang hoream protes da rumasa bangsa eta mah ka
nu mawa paspor RIT teh jiga nu curiga).

Mun aya si teteh mah jigana tos diontrog tah nu
nurustunjung kitu teh.

 

> Tito Suryana <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> Baraya sadayana, alhamdulillah si kuring jeung Teh Tien
>(indung beurang bari
> mawa martabak sareng terang bulan) kamari wengi jam 10
>dugi ka jam 12 teh
> kongres tiluan di Novotel kamar 144, salasa sonten
>dinten ieu  si alo teh
> ka pasir putih atawa ka probolingo sina rafting.
> aya wartos anu pikagumbiaraeun kanggo Neng An, ke upami
>tos boboran bade ka
> surabayadeui sakantenan bade ngajak Neng Maung sina
>balanja tas sareng
> sapatu.
> kitu cenah hasil kongres tiluan teh. cag ah..
> baktos,
> Tito Suryana
>
>
>
> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
>
>
>
> Yahoo! Groups SponsorADVERTISEMENT
>
>
> ---------------------------------
> Yahoo! Groups Links
>
>   To visit your group on the web, go to:
> http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

>   To unsubscribe from this group, send an email to:
> [EMAIL PROTECTED]

>   Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo!
>Terms of Service.
>
>
>            
> ---------------------------------
> Do you Yahoo!?
> vote.yahoo.com - Register online to vote today!

===========================================================================================
"Gabung INSTANIA, dapatkan XENIA. Daftar di www.telkomnetinstan.com, langsung dapat akses Internet Gratis..
Dan ..ikuti "Instan Smile" berhadiah Xenia,Tour S'pore, Komputer,dll, info hub : TELKOM Jatim 0-800-1-467826 "
===========================================================================================


Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




Do you Yahoo!?
vote.yahoo.com - Register online to vote today!

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id



Yahoo! Groups Sponsor
ADVERTISEMENT
click here


Yahoo! Groups Links

Kirim email ke