|
INNALILLAHI WA INALILLAHI WA INA’ILAIHI RO’JIUN
Ngiring bela sungkawa Kanggo Bp. Ardi mugi ditampi amal ibadahna, iman islamna & dihapus sadaya dosa-dosana. AMIN Kanggo urang sadaya nu dikantun sing tabah, sabar & tawakal kana cobaan ti Gustoi Allah. AMIN
wassalam bowie
-----Original Message-----
Duh...Bapak, Wilujeng Angkat ka alam kalanggengan... Dede...rela ikhlas...ku Bapa ditinggalkeun... Mugia sing dicaangkeun di alam kubur, ditampi iman islamna ditempatkeun di tempat anu layak di sisi Allah. SWT di Surga.. Dede percaya Bapa bakal di tempatkeun di Surga sabab Bapa jalmi soleh sareng maotna Bapa sajorelat matak kaget. Teu ngageugeuleuh..teu ngarisikeun....malah Bapa teh beberesih heula geuning waktos rek mulang. Wilujeng Angkat Pa......mugia urang ditepangkeun deui di alam sanes anu pinuh kabagjaan. Di duakeun ku Dede sing jadi ahli Surga....Di duakeun pisan.... Allahumagfirli walilaidayah warhamhuma kamaa robayanni shogiro...... Jadikeun Dede janten anak sholeh anu babakti ka Bapa ku doa ti kajauhan.....
Kanggo Bapa Ardi anu tos mulang...ping 3 Oktober 2004, 08.30 Dede Sahman Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
Yahoo! Groups Links
|
- RE: [Urang Sunda] Duh....Bapak.. Ani Puspita
- RE: [Urang Sunda] Duh....Bapak.. Nia Sri Winiarsih
- Re: [Urang Sunda] Duh....Bapak.. Hari Wibowo
- Re: [Urang Sunda] Duh....Bapak.. kumincir
- RE: [Urang Sunda] Duh....Bapak.. Cecep Wahyu
- [Urang Sunda] Duh....Bapak.. Rudy Setiawan

