baraya sadayana,
memeh ngincig kamana mendi, wayahna urang kudu apal heula peta atau
lanskap sunda dina panci nu ngarana nagara indonesia. meureun bari jeung
ngalelempeng posisi ieu nagreg dina diri.

ieu nagara, kaci sigana mun disebut anak jadah perang dunia ka dua jeung
kolonialisasi belanda. ieu nagara, estuning warisan pamarentah
kolonialisasi walanda. da beh ditu mah, euweuh. ku sabab kitu, ieu nagara
teh, eusina mangrupa-rupa budaya nu geus aya samemehna.

geus nasib tatar sunda jeung urang sunda, belanda hanjat di sundakalapa
bari terus nyieun benteng-asalna mah ngan ukur dagang cenah, voc,  terus
ngalegaan kakuasaan tah kompeni teh. teuing kumaha harita urang nepi ka
kungsi cenah jadi koloni voc nu estuning organisasi dagang. tug nepi ka
pamarentah kolonial belanda. boga gubernur jenderal nu dikirim di walanda.

tah, sundakalapa, batavia, batawi, jayakarta, jakarta teh wewengkon nu
mimitina  ti sunda kalapa. ngalegaan. ari jakarta ayeuna jadi ibukota
nagara. didaratangan ku sakabeh jelema boh ti nusantara boh ti nagri
sejen. sabudeureunana jakarta teh tatar sunda. seler sejen nu daratang
geus nyiptakeun jakarta teu bau sunda (mun karasa teu bau) da ongkoh cenah
di dinya eta aya urang betawi-urang wetan nu geus ratusan taun netep,
ayeuna mah sing saha nu lahir didinya-nu teu ngarasa bagian hiji seler
sejen, meureun kaci ngaku betawi.

nu teu kabagean jakarta, nya nyalingkir. teu kalemburna sewang-sewangan,
da pakasaban mah di jakarta. nya di sabudeureun jakarta. hartina di
jabotabek, nu sacara tradisional-budaya-sajarah wewengkon tatar sunda.
tapi meureun loba nu teu ngarasa di tatar sunda, sabab maranehna mawa adat
sorangan, adat sunda ku urang sunda teu pati diwanohkeun ka maranehna,
sanajan ti kelas handap mah, loba nu barisa nyarita basa sunda. nya
kaasupan seler sejen teh teu ngan jabotabek wungkul, bandung kitu, lembur
sejen kitu. sabab ti baheula pulo jawa jadi tujuan ngumbara urang sumatra
atau pulo sejen. utamana nya jakarta, sabudeureunana, jeung kota sejen di
jawa tengah atawa wetan.

jadi memang beda tatar sunda jeung lembur sejen mah. tatar sunda pastina
jadi panglobna nu narima 'pendatang' ti luar seler. oge ayana seler cina
nu dominan dina widang ekonomi pastina geus boga ciri nu katenjo. meureun
mun ditoong di badan pertanahan nasional, tatar sunda teh kalolobana mah
geus dipilik ku cina. jabotabek, kawasan industri karawang,
banten-serang,bandung majalaya cimahi, jeung sajabana.

urang sunda atawa tatar sunda meureun kari boga sesebutan wungkul jeung
ngan ukur dina sajarah jeung budaya bari jeung teu pati kuat karasa.
kungsi baheula nulis, yen tatar sunda teh ari ceuk pamarentah mah,
penyangga ibukota, ari ceuk kuring mah wadalna ieu ibukota nagara.

beda mun seug ibukota nagara teh di kalimantan. pastina eta ibukota teh
bakal jadi puseur sagala rupa kahirupan kaasup budaya. meureun tatar sunda
teh moal siga kieu siga ayeuna. mun rek nyebut pangmajuna, bisa jadi, da
pangdeukeutna jeung ibukota, atuh mun rek pangrusakna, kaci oge da memang
kitu kaayanana. kota-kota sabudeureun jakarta, bandung oge, teu aya nu teu
macet atawa teu aya nu teu sareukseuk.

lebah dinya, deudeuh teuing...

palebah ayana sinetron nu make atawa niron budaya sunda, eta oge sabab
lingkungan budaya sunda jeung jawa geus kawentar atawa geus dipikawanoh ku
batur. bari sigana memang kalolobana artis teh urang sunda kaasup sukma
ayu nu gening diimahna disebut euis.


geus heula ah..enya ieu mah ngacapruk, jadi mun loba salahna, nya memang
kitu meureun kaayanana...

mj

http://geocities.com/mangjamal






------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
Make a clean sweep of pop-up ads. Yahoo! Companion Toolbar.
Now with Pop-Up Blocker. Get it for free!
http://us.click.yahoo.com/L5YrjA/eSIIAA/yQLSAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke