Kecap nyaba pikeun urang Sumedang mah geus wanoh tibaheulana. Ti taun limapuluhan keneh geus loba nu ninggalkeun lemburna, ngadon ngaradu nasib ka daerah sejen, aya nu buburuh, nu jualan, atawa nu boga bisluit mah digawe dipausahaan boh negri atawa sawasta. Nu dijugjug  rereana mah ka kota Batawi, nu pangdeukeutna nya ka Bandung. Teu saeutik urang Sumedang loba nu sukses dipanyabaanana, malah nepikeun ka bumen bumen sagala, nempo lemburna mah paling paling sataun sakali waktu lebaran wungkul. Kanyataan ieu, nandakeun yen ucapan karuhun teh mimiti ngabukti yen Sumedang teh ngarangrangan, salain wewengkon lebah kulon jadi heureut da kalindih ku kota Bandung, atuh pangeusina loba nu arincah nareangan kifayah kalembur batur. Antukna jati kasilih kujunti, warga asli kalindih kupara pendatang. 
 
Teuing kasupata ku uga, duka geus kuat adat, taun limapuluhan siaki ge geus mimiti nyaba ka Batawi. Harita jalan Sumedang-Wado masih keneh taringgul ku batu, malah sok aya babasan, lamun hayang kalapa mah cenah indit we ka jalan Sumedang-Darmaraja-Wado,tinggal mulungan ngalayah ditengah jalan. Beus anu ngalayanan trayek kadinya diantarana, beus Gumbira, Nasional jeung Perintis. Indit ti Wado atawa Darmaraja teh jam tilu peuting kadangkala sabada subuh, najan kitu ge anu nek nyaraba mah geus tatan tatan ti jam dua belasan keneh, geus ngarumpul di sisi alun alun.
 
Kawantu beusna kaluaran tikotok dilebuan, waktu distater teh hese nek hirup, sanajan haben dikodekdak,kujalan diengkol palebah huluna,tetep we can luut leet kesang mah can waka ngagaur. Lamun keur maju leumpangna rumanggieung kawantu jalannya pinuh kubatu sagede gede hulu. Tiap sababaraha kilometer teu wudu radiatorna menta dieueutan, matak ngaripuhkeun kenek. Teu aneh indit ti Wado atawa ti Darmaraja wanci janari, nepikeun ka Situraja teh geus bray-brayan beurang atuh geus bisa kabayang nepikeun ka Cicaheum teh panon poe geus manceran kadang geus mengok ngulon. Tampolana di Cicaheum teh beus nu ka Batawikeun teh geus suwung, nya kapaksa mondok sapeuting di Cicaheum. Nepi ka Batawi teh,mun diitung tindit bisa dua poe dua peuting. Di Cicaheum mun kaparengan aya beus nu ka Batawikeun, sok parebut jeung calo, malahan hiji mangsa mah sanggeus siaki paseging seging dilawang panto beus, nepi ka jero kasampak dadampar jokna geus suwung. Teu kungsi lila aya jalma ngasong ngasong dadampar jok ka siaki, bari titah mayar saanu perakeun, sihoreng teh geuning calo. Beu!
 
Mun ditilik tina gedena, ongkos beus jaman harita kaasup teu pira da ka Bandung ge ngan ukur 10 perak ari ka Batawi sok erep 30 perak. Tapi tina ongkos eta sabanding jeung pare sakintaleun, da jaman harita harga pare sakintalna teh kurang leuwih 30 perakan. Beda deui jeung ayeuna ongkos ka Jakarta teh antara 20 nepikeun ka 30 rebuan, lamun ngajual pare sakintal teh bisa sabaraha balik indit ka Jakarta, da harga pare ayeuna mun teu salah 130 rebuan sakintal, eta ge kaasup dimurah mareh da mun keur punjul mah bisa kana 200 rebuan.
 
Kiwari jalan ka Batawi teh geus leucir ku hotmik, angkutan saban menit jul jol, anu nyaba beuki rea bae, malah ka Batawi teh geus dijadikeun jalan kacai. Sumedang beuki ngarangrangan, tapi tetep Tandang ngigelan jaman, bari Nyandang Kahayang anu can ka sorang. Hoyong naon atuh Dang ? da ngagugulukeun kahayang mah tetep we moal aya tungtungna.
sr


Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id



Yahoo! Groups Sponsor
ADVERTISEMENT
click here


Yahoo! Groups Links

Kirim email ke