Haturan Ua.....
Ani
resep maosan dongen Ua nu bade balantik buku, mugi-mugi we atuh rencana teh
dilancarkeun ku Alloh teu aya halangan nanaon, oge Ua teu ngaraos senggah
ngemutan kumaha pangeusi toko teh. Dupi pasar buku suci teh anu di PHH mustafa
tea sanes nya ?
Panginten toko buku Ua mah benten sareng toko buku nu
sanesna, kumargi eusina sakumplit kahoyong Ua, nu rada unik biasana pangawisna
sok arawis, ditambih deui di tempat sanes teu aya, janten mugia untungna rada
mucekil sanaos kuantiti kaicalna teu sabaraha, kumargi langkina barang teh
apanan biasana langkung awis ngagaleuhna. Da ari numutkeun kana rumus hukum
dagang nyaeta nyayogikeun naon anu dipikaresep ku pembaca mah apanan toko buku
kitu teh tos pabalatax.
neng an..
-----Original Message-----
From: MSasmita [mailto:[EMAIL PROTECTED]
Sent: Wednesday, October 06, 2004 9:51 PM
To: [EMAIL PROTECTED]
Subject: [Urang Sunda] Balantik buku
From: MSasmita [mailto:[EMAIL PROTECTED]
Sent: Wednesday, October 06, 2004 9:51 PM
To: [EMAIL PROTECTED]
Subject: [Urang Sunda] Balantik buku
Insya
Alloh tinekanan, taun hareup kuring hayang muka kios buku, Alhamdulillah ari
kiosna mah geus aya, nyewa tilu tauneun, tempatna di pasar buku
Suci.
Nu
bingung teh eusina,... kumaha..?
Minggu
kamari kuring ngahaja ulin ka unggal toko buku, nu diteangan teh lain bukuna
wungkul tapi sabaraha kortingna, geus puguh ari ditoko gede mah euweuh pisan
korting, sanggeus ngabanding-banding nya kuring teh balanja ka toko Ultimus di
Karapitan, buku anu dipilih teh buku-buku humaniora, aya kana 40 judulna,
sanggeus diitung hargana sanggeus dikorting, meh kana 800
rebuna.
Kuring
ngahuleng, 40 buku teh lamun dijejerkeun ngan ukur 40 cm, kios teh panjangna 3
meter lebarna 2 m, erak buku disusun lima, susun kaluhur, diitung teh
panjangna rak buku aya kana 17 meter, 17m dibagi 40 cm = 42.5 ,dikali 800
rebu,...beu atuh kudu boga duit 38 jutaan kakara kios teh rada pepek (ceuk pun
bojo mah cara ngitung kieu teh rada aneh)
Kuduna
meuli buku keur jualeun deui mah nu jadi itungan teh kira kira buku naon anu
dipikaresep ku anu rek meuli, tapi basa balanja kamari mah lain kitu, neangan
buku teh anu dipikaresep ku kuring (nu rek balantik), kieu kalakuan teh geus
salah ceuk elmu dagang mah, kajeun ah.....buku insya alloh payu deui, tapi
kuring ge seubeuh maca.
Aya
buku anu alus ceuk kuring mah nyaeta bukuna Pa Saini KM, anu judulna Krisis
Kebudayaan (10 esai pilihan), aya artikel anu judulna Agama Dan Kebudayaan jeung
Menjadi Sunda Menjadi Manusia.
Sigana
ieu buku teh lecek manten samemeh payu, da hayeuh we dibulak balik, malum maca
nu daria mah teu beunang ngan ukur sabalikan.
Poe
ieu aya beja, neangan buku jualeun deui mah lain ka toko buku atuh....(enya
kuring ge nyaho eta teh) tapi ka agen...!!
di
Bandung loba...anu kajojo mah di Jl Karapitan toko buku Lucu
....!
Kuring
naghuleng, ngadenge ngarana ge kakara.....mindeng ulin di Karapitan asa tara
ningali toko buku nu ngaranna Lucu...eta teh cenah mah agen nu pang komplitna.
Baruk..?
Sugan
we beuki lila mah beuki kapanggih elmuna balantik buku
teh..!!
MSasmita
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
| Yahoo! Groups Sponsor | |
|
|
Yahoo! Groups Links
- To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.

