Kang Siddik sim kuring ngahaturkeun rebu nuhun pedah akang anu ngawitan ngiberan yen Kang Jajakakapakan milangkala anu ka saanu, dumasar kana eta email sim kuring sabalad-balad (aya dalapan jalma) diajak ka Punclut basa dinten Salasa, ditraktir sangu beureum, sambel tomat, kulub peuteuy, karedok leunca, beuleum sepat, beuleum jambal, pais tahu, goreng belut, goreng/pais lauk emas.
Ni'mat....da tuangna di saung, plung-plong titingalian ka Bandung, angin ngahiliwir, matak deudeuieun.
Sim kuring mah nganuhunkeun ka Kang Siddik we nu ngiberan milangkala, ari ka jinisna mah da duka ridoeun duka hanteu tah nraktir sangu beureum di Punclut teh, sigana dina hatena mah ngagerentes nu milangkala uing, na bet ngajak ka Punclut sagala...!!
 
MSas  
-----Original Message-----
From: Mamat Rachmat [mailto:[EMAIL PROTECTED]
Sent: Wednesday, October 06, 2004 11:57 AM
To: [EMAIL PROTECTED]
Subject: Re: [Urang Sunda] Milangkala

Kang murdi & Kang Eman ... hatur nuhun...
Hajatnamah engke wae sareng kaping 9 Desember...

Uing teh keur lieu ngabndungan si Ua Sas......
Rek Jualan buku... kios geus boga....
Terus meuli buku langka... rek iraha payuna ????

Ua sas terus nganbek..... cenah pokna :
"Buku, buku aing"
"Dibeuli, dibeuli ku Aing"
"Dabaca, dibaca ku Aing"
"Dijual, dijual ku Aing"
"Rek payu rek hentu kumaha aing we....."


Cag ah .... tuh.. molotot deui..




...........
Wassalam...
Mamat rachmat



Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id



Yahoo! Groups Sponsor
ADVERTISEMENT
click here


Yahoo! Groups Links

Kirim email ke