kantos gaduh didosenan ku adi lanceuk, nu hiji dosen senirupa itebe nu hiji ti teknik industri. nu hiji hary kock lubis nu hiji , nu ti Teknik Industri, SB Hari Lubis.
duanana sihoreng made in (wedalan) tasik. sikep jeung basana geus nyunda pisan. basa sunda nu langka masih keneh sok diparake, saperti kecap ngulampreng. sikep handap asorna siga leuwih nyunda ti si kuring, nu rumaos rada teugeug, sangeunahna, make basa loma- kahayangna mah ka sasaha, ma'lum, gede di jalan hehe. palah hary lubis nu kungsi jadi dekan di senirupa itebe mah kungsi di protes ku dosen urang sunda: cik atuh kahayang teh, ari dekan mah dina pidato atawa biantara teh sing gagah cenah. eta batakna geus teu nyesa...cenah. haha. pedah ari pidato teh estuning darehdeh, someah naker jeung make raray maramhay jauh ti balaga gagah perkasa siga kuda. sigana lain masalah teu pede, tapi ajrih ka batur. ari batak marga lubis nu kapanggih mah kitu tah. bisi aya pangalaman baraya ngeunaan seler sejen nu nyunda mangga pedar. lumayan, nambahan dulurs, sugan mj http://geocities.com/mangjamal ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> $9.95 domain names from Yahoo!. Register anything. http://us.click.yahoo.com/J8kdrA/y20IAA/yQLSAA/0EHolB/TM --------------------------------------------------------------------~-> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

