Baraya,
 
Tos aya bom deui wae. Nu ieu mah kajantenanana di Paris, di payuneun kedubes Indonesia. Sanaos teu ageung sareng teu aya korban maot (nu tatu 10) tapi tangtos manghariwangkeun, komo upami nu gaduh wargi di Perancis mah.
 
Emut nuju sakola kl. 10 taun kapengker, ampir unggal minggon ka kedutaan teh da sok aya pangaosan rutin. Malihan nuju dubes jenatna pa Dodi Tisnaamijaya mah, manten Rektor ITB nu urang Ciamis, kantos ngadongkapkeun rombongan dalang Asep Sunandar Sunarya sagala.
 
Aya baraya urang nu masih di Paris kitu, kang Murdi, teh Lilis ?
 
Wassalam,
Eman


Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id



Yahoo! Groups Sponsor
ADVERTISEMENT
click here


Yahoo! Groups Links

Kirim email ke