Kang Yaya oge baraya sadaya ....
 
Dagang software sacara ilegal saleresna mah sami sapertos dagang kaset, dvd bajakan ... tangtos we bakal seueur nu dirugikeun..... pami kaset bajakan mah panginten artis nu tiasa tenar ngadadak dina hartos gumantung pisan kana kahoyong masyarakat ... atuh unggal show oge tiasa kenging panghasilan ....
 
Ayeuna urang bandingkeun jeung tukang ngadamel software .... paling henteu peryogi diajar, atuh perkembangan software dugi ka kiwari, kapungkur mah teu tiasa siga ayeuna, noongan di internet teras diajar nyalira ... meureun kedah meser buku plus sakola .... teras deui nu ngadamel software mah teu aya istilah show, hartosna panghasilan nu ngadamel software mung ukur tina software nu dihasilkeun ... mangga eta mah kanggo emutan ...
 
Ngadamel software teh sanes padamelan anu gampil, ti ngawitan ngemut algoritma dugi ngahasilkeun hiji software teh ngalangkungan sababaraha kali proses, tur sawal-sawala nu sifatna internasional ... tah kanggo hiji sawala international kang Yaya terang ku anjeun .. kedah sabaraha dana nu dikaluarkeun sareng timana sumberna ....
 
Punten upami sim kuring nyandak conto Jepang ... ieu mah mung sakadar ngadongengkeun paningal sim kuring salami di dieu, kaleresan ngiring kana development software hususna kanggo widang teknik sipil ... nu dipeser ku urang Jepang sanes software jantenna, mung algoritma-na ... algoritma ieu ditalungtik, seseringna janten bahan penelitian mahasiswa, hasilna nu mangrupi penyempurnaan disawalakeun dina sawala internasional, hasil ieu oge dina basa Jepang .. mangka software output-na oge tos dina basa Jepang pangaosna oge langkung mirah ... Contona wae pangaos windows XP versi inggris US$ 1000 kirang langkung 110.000 yen ... windows versi jepangna 15000 yen ... ku urang anu mahasiswa asing wae alhamdulilah tiasa kapeser ...
 
Saleresna mah usaha kanggo ngadamel software janten mirah oge tos lami dikawitan. carana nya ku janten open source tea sapertos Linux misalnya, malah pituduh kanggo nganggona oge tos seueur tiasa didownload sacara gratis. salah sawios anu basa indonesia aya di http://www.ilmukomputer.com, malah wikipedia oge salah sawios cara kanggo nyebarkeun elmu sacara luas sacara gratis ...
 
Atuh usaha kanggo ngadamel ngarah internet tiasa mem-budaya, kalawan pangaos nu mirah oge tos lami diusahakeun ku kang Ono W. Purbo ngalangkungan VoIP tea .... kuring kantos ngaraos raosna ieu internet waktos kuliah di bandung ... modalna cekap kagungan HT plus izin ti orari nu teu awis da mung sakali tea, 24 jam tiasa nganggo internet ... kumaha sikep ti pamarentah ? usaha kang Ono dianggap ngalanggar aturan, padahal di dunya internet internasional anjeunna kenging pernghargaan, kalebet di dieu. wallahualam.
 
baktos,
budhi
oritate permai
 
 
----- Original Message -----
Sent: Friday, October 08, 2004 6:51 PM
Subject: [Urang Sunda] ICALAN SOFTWARE LEGAL?


Baraya....

Kakara kamari kuring terang yen di Korea menjualan
SOFTWARE dari bahan barang jadi masih keneh ilegal.
Terang soteh bubuhan kamari aya demo badag pisan, aya
meureun 2000 tukang jualan SOFTWARE demo di hareupeun
gedung parlemen Korea, menta dilegalkeun, jadi hiji
pacabakan anu legal.

Kumaha ari di Indonesia, naha iacalan SOFTWARE legal
henteu? Pami di legalkeun tangtu diprotes nya, padahal
nu icalan ngaleuya nu ngagaleuh oge merul. Kumaha tah
baraya?

KangYa
Tungtung Seoul


           
_______________________________
Do you Yahoo!?
Declare Yourself - Register online to vote today!
http://vote.yahoo.com


Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id





Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id



Yahoo! Groups Sponsor
ADVERTISEMENT
click here


Yahoo! Groups Links

Kirim email ke