Title: Message
Hatur nuhun Ua, katampi pisan, bade diteraskeun ka rerencangan anu tumaros perkawis ieu.  Kaleresan kang Adnan oge ngintunkeun respon anu aya patalina sareng informasi anu nuju dipilari.
 
Wassalam,
 
Rachmat
 
-----Original Message-----
From: MSasmita [mailto:[EMAIL PROTECTED]
Sent: Monday, October 18, 2004 6:28 PM
To: Sudjana, Rachmat; [EMAIL PROTECTED]
Subject: RE: Geurang

Kang Rachmat....tadi wengi ngotektak sababaraha kamus, dina Kamus Soenda-Melajoe (R.Satjadibrata/Balai Poestaka/2604....sigana mah ieu taun teh taun dina mangsa Jepang ngajajah, taun kaisar Jepun...sigana antawis 1944..)
dina entry girang diantawisna diserat :
girang poeoen = geurang poeoen  (geurang puun) : kepala orang Badoey di Banten dan wakilnja disebut girang serat = geurang seurat.
upami urang maca buku Kehidupan Masyarakat Kanekes/Saleh danasasmita,Anis Djatisunda/diktat sareng Baduy/Sursa/diktat disebatkeun Puun sok disebat Geurang, ana kitu leres yen geurang teh hiji jabatan dina hiji mandala/ kabuyutan, sedengkeun puun apan pamingpin kanggo masyarakat Kanekes/Baduy, sim kuring yakin yen Kanekes/ Baduy teh baheulana mah Kabuyutan atanapi mandala.
 
Dina kamus anu sanesna teu kapendak kitu deui dina KBSKI teu aya.
 
Sakitu anu tiasa kapedar, hapunten bilih kirang nyugemakeun, insya alloh kapayun upami mendak raratan sanes urang pedar deui.
 
MSasmita
 
-----Original Message-----
From: Sudjana, Rachmat [mailto:[EMAIL PROTECTED]
Sent: Monday, October 18, 2004 12:35 PM
To: MSasmita
Subject: RE: Geurang

Hatur nuhun pisan ua kana kasayagianana kanggo mangmilarikeun hartosna kecap Geurang.  Sawios rada leuir oge, mung punten panginten nambihan karepotan ua sadidinten.
 
Dupi kang M. Syofyan aya dimananya tos lami tara katingal mairan atanapi posting.
 
Wassalam,
 
 
Rachmat
-----Original Message-----
From: MSasmita [mailto:[EMAIL PROTECTED]
Sent: Sunday, October 17, 2004 11:53 PM
To: Sudjana, Rachmat
Subject: RE: Geurang

Hatur nuhun Kang Rachmat....wilujeng shaum, insya alloh janten barokah kanggo urang sadayana.
Kang...kaleresan buku KBSKI (Kamus Basa Sunda Kuno-Indonesia) teu dibantun, aya di rorompok, kukituna pamugi sabar , insya alloh enjing tiasa kawaler.
dina buku KUBS (Kamus Umum Basa Sunda) mah teu aya, nu aya teh girang, tangtos ieu benten hartos, duka upami sahartos sareng Girang nu hartosna pupuhu, sapertos dina Girang Serat, Girang Rumpaka sste.
sakali deui hapunten teu tiasa kawaler ayeuna.
 
MSas
 
-----Original Message-----
From: Sudjana, Rachmat [mailto:[EMAIL PROTECTED]
Sent: Monday, October 18, 2004 9:38 AM
To: MSasmita
Subject: Geurang

Punten Ua,

                Langkung tipayun ngahaturkeun wilujeng shaum, pamugi ibadah urang sadayana kenging karido sareng berkah ti                      Gusti Allah Swt.

        Salajengna, bade ngarerepot yeuh ka ua.  Kaleresan aya rerencangan anu rajin nitenan kana perkawis anu aya kaitana sareng sajarah Pajajaran atanapi Galuh.  Tadi abdi ngimel ka milis, nanging bilih ua nuju repot inggis teu ka aos:

Ieu aya pertarosan ti rerencangan urang wetan, perkawis istilah Geurang di jaman Pajajaran atanapi Galuh.  Saurna anjeuna mendakan istilah dina kaagamaan jaman harita sapertos:

Pandita Agung, Pandita, Geurang, Guru Tangtu.  Naha Geurang the mangrupi nami jabatan kitu di jaman eta?

Hatur nuhun, diantos waleranana.

Wassalam,


Rachmat
(Ngahaturkeun wilujeng Shaum)




Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id



Yahoo! Groups Sponsor
ADVERTISEMENT
click here


Yahoo! Groups Links

Kirim email ke