Mayunan Kang Oman ah ........ 
Bogor (kabupten Bogor) palih kaler upami ditingali tina geologi mah 
memang sae kanggo nyimpen runtah margi taneuhna taneuh lempung anu 
henteu ngarembeskeun cai ka lebet (kedap) janten henteu mangaruhan 
kualitas air taneuh. Di Bogor palih kaler (di daerah 
Cileungsi/Cibinong) aya perusahaan nu usahana ngumpulkeun/nyimpenan 
limbah B3 ti perusahaan-perusahaan sanes, malah aya limbah B3 ti 
luar jawa!. Sim kuring kantos lebet ka perusahaan eta diajak ku Pa 
Suharto Wongso (pangsiunan GTL, seniorna Kang Oman). Limbah B3 teh 
geuning ukur ditumpuk we dina kontainer nu ditutupan ku terpal 
plastik. Nu penting saurna teh eta limbah ulah rembes atawa ngalir 
kahujanan, kacandak ku cai hujan ka walungan.

Janten sacara teknis, daerah nu taneuhna lempung sae kanggo TPST, 
ngan upami masalah sosialna mah, memang rada sesah, komo bari 
dimimitian ku ngabobodo kitu mah.

-WALUYA- 




--- In [EMAIL PROTECTED], Dhanny Kurnia <[EMAIL PROTECTED]> 
wrote:
> Baraya....
> Tadi peuting lalajo TV teh Metro Realitas ngeunaan " TPST Bojong 
di Bogor " . Da eta mah baraya, lingkungan urang sunda anu nyunda 
teh rek dipake pamiceunan runtah urang Jakarta, jeung make bohong 
sagala rupa alesan pangwangunan TPST na teh cenah keur Pabrik 
Keramik, ari tungtungna nyata-nyata rek dijieun tempat kumpul laleur 
jeung bau nu ngaganggu.
> Teu pati ngarti kuring mah perkara Ekologi jeung AMDAL, sok lah 
mangga ka Baraya nu langkung ngartos , utamina ka Uwa Oman geura 
dipedar...kumaha nu saleresna masalah ieu, da kuring mah ukur 
bisa...geregeteun...
> Baheula Batu Tulis, ayeuna Bojong... 
>  






Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke