Ieu mah sanes masalah sunda, jawa atanapi betawi panginten kang. Mung kumaha urang sarerea nyikepan masalah lingkungan ieu. Da di jakarta oge seueur urang sunda, kitu oge di bojong katingalna mah aya oge urang deungeun. Ayeuna mah meungpeung aya hareupan anyar (sugan SBY mawa angin nu rada hegar), urang du'a keun jeung jorong supaya pamarentah jadi beresih jeung urang-urang pada disiplin dina miceun runtahna ...
... naha kieu-nya asa ngacapruk ... lantaran puasa kitu ? cag ah ........ fren >From: "waluya56" <[EMAIL PROTECTED]> >Reply-To: [EMAIL PROTECTED] >To: [EMAIL PROTECTED] >Subject: [Urang Sunda] Re: TPST Bojong ( Sakali deui Bogor dinyenyeri ) >Date: Tue, 19 Oct 2004 03:00:48 -0000 > > >Mayunan Kang Oman ah ........ >Bogor (kabupten Bogor) palih kaler upami ditingali tina geologi mah >memang sae kanggo nyimpen runtah margi taneuhna taneuh lempung anu >henteu ngarembeskeun cai ka lebet (kedap) janten henteu mangaruhan >kualitas air taneuh. Di Bogor palih kaler (di daerah >Cileungsi/Cibinong) aya perusahaan nu usahana ngumpulkeun/nyimpenan >limbah B3 ti perusahaan-perusahaan sanes, malah aya limbah B3 ti >luar jawa!. Sim kuring kantos lebet ka perusahaan eta diajak ku Pa >Suharto Wongso (pangsiunan GTL, seniorna Kang Oman). Limbah B3 teh >geuning ukur ditumpuk we dina kontainer nu ditutupan ku terpal >plastik. Nu penting saurna teh eta limbah ulah rembes atawa ngalir >kahujanan, kacandak ku cai hujan ka walungan. > >Janten sacara teknis, daerah nu taneuhna lempung sae kanggo TPST, >ngan upami masalah sosialna mah, memang rada sesah, komo bari >dimimitian ku ngabobodo kitu mah. > >-WALUYA- > > > > >--- In [EMAIL PROTECTED], Dhanny Kurnia <[EMAIL PROTECTED]> >wrote: > > Baraya.... > > Tadi peuting lalajo TV teh Metro Realitas ngeunaan " TPST Bojong >di Bogor " . Da eta mah baraya, lingkungan urang sunda anu nyunda >teh rek dipake pamiceunan runtah urang Jakarta, jeung make bohong >sagala rupa alesan pangwangunan TPST na teh cenah keur Pabrik >Keramik, ari tungtungna nyata-nyata rek dijieun tempat kumpul laleur >jeung bau nu ngaganggu. > > Teu pati ngarti kuring mah perkara Ekologi jeung AMDAL, sok lah >mangga ka Baraya nu langkung ngartos , utamina ka Uwa Oman geura >dipedar...kumaha nu saleresna masalah ieu, da kuring mah ukur >bisa...geregeteun... > > Baheula Batu Tulis, ayeuna Bojong... > > > > > > _________________________________________________________________ FREE pop-up blocking with the new MSN Toolbar - get it now! http://toolbar.msn.com/ ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> Make a clean sweep of pop-up ads. Yahoo! Companion Toolbar. Now with Pop-Up Blocker. Get it for free! http://us.click.yahoo.com/L5YrjA/eSIIAA/yQLSAA/0EHolB/TM --------------------------------------------------------------------~-> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

