Sami-sami teh Tien, hapunten kabagean spaghetina mung sakedik, da seepeun.. :) Puguh harita teh sieun teh Tien sasab, ari pek muhun nya kukurilingan, nuhun atuh ari tos dugi ka Surabaya deui mah, mung sakedap deui kang Yaya kadieu, ari kang Yaya kadieu, ari teh Tien kalah tos di Surabaya deui.. Ke ngajakan saur di Situraja dinten Saptu.. abi mah hoyong sate Situraja sareng kurupuk bangreng, raos pisan.. tapi ketang duka cios duka henteu.. gumantung ka 'punlanceuk' bilih teu mulih.. :) mun nyalira mah ka Siturajana sieun ah... heuheue
~ipup~ --- In [EMAIL PROTECTED], teh tien <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > Hatur nuhun neng Pupi, punten..!, nembe kaaos serelek teh....... > Mani ngaburayot aya kana 1058 serelek teh , untung teu bounching....... > Eta spagheti mani raos, teu nyangki neng Pupi pinter masak, ke si akang na matak nyaah ka neng Pupi, janten istri binangkit teh leres. Sok ku teteh di doakeun mugia acara anu tos ditangtoskeun teh teu aya halangannana, lancar dugi kana waktosna . > Waktos wangsul teh macet kacida, dugi ka rorompok teh tabuh satengah salapan, nya Alhamdulilah teu aya nanaon di jalan, mung katipu...he he, > Ibu bade kamana..ceuk si calo, eta bade ka jl Sunda.....ari tos ngageuleung, si horeng anu tadi supir tembak, anu ieu supir leres teu teterangeun yeun si teteh rek ka jl sunda, padahal teu ngalangkung ka dinya, antukna sasab......ah dasar calo......tapi apal keneh kota bdg mah., wangsul deui ti jln Lengkong besar ka karapitan, jadi kukurilingan........ > Kitu pangalaman si kuring di kota anu dipicinta, bandung tea, anu ramijud, macet.....tapi nineung.........he he > Sakali deui nuhun neng Pupi ku panampiannana, anu sakitu darehdehna amihna neng pupi, mung tong kapoknya ka dongkapan ku si teteh. > Cag.................. > > Teh Tien > ( hanjakal mung neng Pupi sareng kang Oman anu tiasa tepang teh...hapunten kaanu sanes....teu tiasa tepang jalaran waktos samporet ) ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> Make a clean sweep of pop-up ads. Yahoo! Companion Toolbar. Now with Pop-Up Blocker. Get it for free! http://us.click.yahoo.com/L5YrjA/eSIIAA/yQLSAA/0EHolB/TM --------------------------------------------------------------------~-> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

