ieu mah usulan heureuy, tugas pamarentahan 100 poe kabinet SBY-MJK. Anu paling utama rekonsiliasi jeung para "pangagung heubeul".
Megawati dibere pulau Bali, keun sina jadi panguasa Bali, da pemilu kamari mayoritas urang Bali milih Megawati. Pek wae Bali rek dibeureumkeun atawa rek dihideungkeun, anu penting masyarakat Bali sejahtera. Syukur-syukur aya dampak ka penduduk sejenna, aya "pemasukan" devisa ka nagara. Hamzah Haz anu urang kalimantan Barat, dibere kakawasaan sina "mengembangkan" pulau kalimantan, khususna bagian kulon.Ngembangkan itik alabio, jang komoditas resto "bebek goreng/panggang". Bisa ngeusian pasar ka singapura jeung Hongkong, anu hobi masakan Perbebekan. Atuh cara pemasaranana, guguru ka pangusaha "ayam Bakar Wong Solo" anu sahobi. Soeharto dibebaskeun tina sagala hukuman, tapi saratna dibere kabebasan sina "mengembangkan" swa sembada pangan, pusat pengembanganana aya di Solo ngarah deukeut ziarah ka garwa. Biaya ditanggung sorangan jeung ku anak-anakna. Bibit unggul pangan dibagikeun haratis ka rahayat. BJ Habibie dicalukan sina ngembangkeun PT Dirgantara Indonesia, ngembangkeun kawasan industri di pantura Jawa Barat, universitas Gajah cindeteun jadi pusat teknologina. Gus Dur, ditugaskeun di Jawa timur sina nyieun pasantren pusat studi Antar agama jeung terorisme, anu engkena nyitak tanaga-tanaga ahli anti teror, ngabantuan nagara-nagara anu sok jadi sasaran terorisme. Ngabales balas budi ka urang sunda, Jawa Barat jeung banten diserenkeun ka Agum Gumelar, supaya ngokolakeun wilayah ieu jadi hiji tempat anu jadi kabanggaan jeung nyejahterakeun urang Sunda. Ti wilayah ieu baris dicitak para olahragawan kelas dunia. Sok ditambahan deui, engke diusulkeun ka kabinet SBY-MJK. mrachmatrawyani --- Gunawan Yusuf <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > Emut nalika keur Mega ditandasa ku soeharto, pan nu > ngabantos (naekeun) > pamor anjeuna teh urang sunda nyaeta Kang Agum > Gumelar tea, ngan hanjakal > sanggeus anjeuna janten persiden Kang Agum Gumelar > ngan janten Menhub, > padahal jasana teu bisa dianggep leutik, kitu oge > SBY yakin urang sunda > (jabar+banten) loba mere sumbangan suara ka anjeuna > basa pemilu kamari, > panginten boh mega atanapi sby sieueneun pamor > aranjeuna eleh ku mentri ti > urang sunda ? . __________________________________________________ Do You Yahoo!? Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around http://mail.yahoo.com ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> $9.95 domain names from Yahoo!. Register anything. http://us.click.yahoo.com/J8kdrA/y20IAA/yQLSAA/0EHolB/TM --------------------------------------------------------------------~-> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

