MENTERI TI SELER SUNDA Sabenerna mah ieu teh meunang dikira-kira wungkul, da kuring lain jubir persiden. Tamba teu teuing bisi US ngaramuk pedah euweuh menteri di Kabinet Indonesia Bersatu by SBY.
1. Dr. (Nur) Hassan Wirayuda, Tangerang, menlu, kamari menlu oge. Diplomat karir. 2. Adung Nitimihardja, menteri perindustrian, asana mah. Asana Sunda pedah Nitimihardja, mun jawa mah Notomihardjo, mun batak mah Nainggolan meureun. 3. Ir. Rachmat Witoelar, Menteri LH, lanceukna Wimar Witoelar, urang Padalarang, alumni institut tukang bajigur, kamari dubes RI di Russia. Istrina, Erna Witoelar, kungsi jadi menteri jaman Gus Dur. Erna mah urang Sulawesi. 4. Kusmayanto Kadiman, Menristek. Teuing persisna urang mana ieu rektor itb teh, nya meureun pedah make O, siga jawa, tapi ceuk si kendi, KK teh urang Sunda. Nya mun ningali paromanana nu marahmay teu hese seuri jeung begangna mah, sunda. Teu kabeh hurup o urang jawa. Rumah makan sunda di rajapolah, ngarana Moro Sono. Kadaharan has Garut, Dodol. Lembur di Sumedang Tomo. Adat goreng, orowodol jeung borokokok. Mun murag kabeh bari lalaunan, ngaborosot. 5. duka tah nu sejen mah. Pastina aya deui hiji dua mah. Ngan duka nu mana. Nu jelas lain Widodo AS, da mun US mah, ngarana Dada Widada. Hehe. mj http://geocities.com/mangjamal ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> $9.95 domain names from Yahoo!. Register anything. http://us.click.yahoo.com/J8kdrA/y20IAA/yQLSAA/0EHolB/TM --------------------------------------------------------------------~-> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

