Pa Harja,- cing tebak ari Tatang Abdul Madjid Sariman urang mana tah ??

mh <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
kamari urang lembur ibur sajagat maya, majar urang
sunda euweuh nu jadi mentri. geuning ari brehna mah
eta ting pucunghul. najan sawareh ngaraku teu milu
nyoblos oge, geus waktuna mah geuning milu rame nya.
matak ge engke deui mah, tong teuing asal beda, ngarah
gaya, parilih we nu aya. he he he.

ayeuna masih keneh palanasaran jigana, sabab ditilik
tempat lahir cenah ampir 20% geuning kalahiran tatar
sunda. ngan rada hese ngabedakeun urang sunda pituin
atawa mukimin. teuing naon alusna lamun pituin? atawa
gorengna lamun mukimin? urang pada bandungan we kumaha
brehna.

perkara ngaran di urang memang hese dijadikeun ukuran
identitas, naha urang sunda atawa lain. geura ieu
contona. kuring boga batur sakola ngaranna "andri
harjawijaya", "iyong hermawan", "sutrisno", "sri
mulyanti". cing kira-kira urang mana? urang sunda,
jawa, jawa-sunda, atawa sunda-jawa. kabeh ge euweuh nu
bener, da kabehna oge anak babah alias akew.

upama ninggali ngaran nu dipake ku urang malayu,
ngaran salaku identitas etnis teh aya benerna. sabab
ngaran jeung identitas (no ktp) teh ngan dijieun
sakali saumur hirup. lamun aya nu hayang ganti ngaran,
nya kudu ditulikeun make "alias". umumna seler india
jeung cina nu resep ganti ngaran teh. sok baroga
ngaran bule. contona, "jesicca @ wong soo me". pasti
tah budak cina.

salam,
mh



           
_______________________________
Do you Yahoo!?
Declare Yourself - Register online to vote today!
http://vote.yahoo.com


Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




Do you Yahoo!?
vote.yahoo.com - Register online to vote today!

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id



Yahoo! Groups Sponsor
ADVERTISEMENT
click here


Yahoo! Groups Links

Kirim email ke