janten bongbolongananan kumaha tah kang dien?
 
soni+++
----- Original Message -----
Sent: Wednesday, October 20, 2004 11:45 PM
Subject: [Urang Sunda] KUSnet, YP, jeung US (2)

KUSNET, YAYASAN PERCEKA, JEUNG URANG SUNDA (2)

 

Luyu jeung pituduh ti mang Jamal anu kieu unina : �perkawis yayasan, toong ti http://yp.urang-sunda.or.id aya cita2, aya akte, aya program aya kencleng�, nya atuh teu talangke. eta web teh ditoongan, Enya bae, di dinya teh aya akte, beasiswa, pabukon, jeung kencleng. Nya eta pisan nu ku kuring dijieun talenan geusan nyaritakeun naon ari KUSnet jeung naon ari Yayasan Perceka, di antarana sapertos di handap ieu.

Numutkeun akte.

1.     Yayasan Perceka teh diadegkeun dina tanggal 25 Pebruari 2002 ku wawakil komunitas urang sunda di internet, nyaeta : Djatnika Puradinata, Mamat Sasmita, Jamaludin, Maman Gantra, Boyke Arief Taufik Firdaus.

2.     Maksud : Turut serta dalam menunjang pembangunan nasional dan program pemerintah di bidang pendidikan dan kebudayaan dengan ikut berpartisipasi dalam pelestarian dan pengembangan budaya nasional khususnya Sunda.

3.     Tujuan : Mengembangkan kesadaran berbudaya nasional khususnya Sunda kepada masyarakat terutama generasi muda.

4.     Usaha-usaha :

a.      Menyelenggarakan kegiatan-kegiatan yang bersifat memberikan dukungan serta mempromosikan penggunaan produk budaya tradisional (daerah), khususnya Sunda

b.     Menyelenggarakan pendidikan non-formal antara lain menyelenggarakan pelatihan-pelatihan, kursus-kursus keterampilan dan sejenisnya

c.      Menyelenggarakan kegiatan di bidang kesenian dan kebudayaan Sunda

d.     Menyelenggarakan pagelaran dan pameran di bidang kesenian dan kebudayaan, khususnya budaya Sunda

e.      Menyelenggarakan dan mengadakan kegiatan serta memberikan penghargaan kepada individu atau kelompok yang berjasa dalam pengembangan kebudayaan Sunda

f.       Menyelenggarakan diskusi, lokakarya, penyuluhan, saresehan dan seminar-seminar

g.      Menyelenggarakan dan mengadakan penerbitan dan pencetakan majalah, buku, buletin dan sejenisnya

h.      Mendirikan badan usaha yang kegiatannya sesuai dengan maksud dan tujuan Yayasan, maupun ikut melakukan penyertaan dalam berbagai bentuk usaha yang bersifat prospektif dengan ketentuan seluruh penyertaan tersebut paling banyak 25% (dua puluh lima persen) dari seluruh nilai kekayaan Yayasan

i.       Menghimpun, mengurus dan mengembangkan dana untuk dimanfaatkan sebaik-baiknya untuk kepentingan Yayasan dan kepentingan umum

j.       Bekerjasama dengan badan resmi maupun swasta baik di dalam maupun di luar negeri yang mempunyai maksud dan tujuan yang sama atau hampir bersamaan

k.      Melakukan usaha-usaha lain yang sah dan tidak bertentangan dengan maksud dan tujuan yayasan dengan mengindahkan tatas susila serta ketentuan-ketentuan hukum yang berlaku

Carek kuring.

1.     Secara prinsip, nu disebut komunitas mah mangrupa istilah di alam nyata, tegesna sanes istilah di alam maya. Demi istilah maya, sakaterang jisim kuring, mibanda dua harti, nyaeta ciciptan atawa angen-angen (1) atanapi kalangkang eunteung (2). Cidekna, nu disebut maya mah bisa disebut jiga heueuh padahal lain da bongan teu aya bungkeuleukna. Ku kituna, nya atuh sumuhun, komunitas Urang Sunda mah mung aya di di alam nyata. Kecap �di internet� nu aya dina istilah komunitas Urang Sunda di internet maksudna teu beda jeung kecap �di radio� atawa �di televisi�. Kahartina mah pasti kaharti naon maksudna, sabab Urang Sunda mah bibanda �elmu surti-nastiti�. Tapi ari pikeun nanjeurkeun bebeneran mah atuh ulah jadi hahalang eta �elmu� teh, da bongan taya hartina ngurusanan nu teu aya bungkeuleukna. Radio, televise jeung internet mah ngan sakadar alat komunikasi. Nya atuh kakara pantes bari kaharti mun tea mah aya istilah Forum Komunikasi Urang Sunda di radio atawa Forum Komunikasi Urang Sunda di televisi atawa FOrum Komunikasi Urang Sunda di internet.

2.     Wawakil �KUSnet�.

Dumasar kana guaran di luhur, ayana wawakil �KUSnet� teh kacida mustahilna. Anapon dumasar kana �bukti� ayana (anu ngaku) wawakil KUSnet, nyaeta aranjeuna anu ngadep ka Notaris dina kaping 25 Pebruari 2002 dugi ka (resmi) ngadegna Yayasan Perceka, carek kuring kieu jujutanana :

Ramena milist [EMAIL PROTECTED] jaman harita nimbulkeun kasadaran para anggotana pikeun ningkatkeun silaturahmi ku cara ngayakeun �kontak� di alam nyata mangrupa hiji riungan. Tah, ti dinya, tina riungan eta modongholna para wakil teh, lain tina internet ! Alam maya, kalah kumaha oge moal bisa disaruakeun jeung alam nyata, da puguh beda kacida. Alam maya mah ngan sakadar gambar, ari alam nyata kapan bukti dikieuna. Tina hal eta, ayeuna mah kanyahoan yen nu ilubiung di milist [EMAIL PROTECTED] com tapi teu kaasup �Urang KUSnet� teh nyaeta �anu gabungna� sabada tanggal 25 Pebruari 2002, sabab teu milu andil �nunjuk� wawakil. Sakumna anggota milist [EMAIL PROTECTED] nu teu kaasup �Urang KUSnet� otomatis teu aya patula-patalina jeung Yayasan Perceka. Anapon ngadegna Yayasan Perceka teh kawasna mah mangrupa papagah ti nu tiheula ku cara mere conto keur nu pandeuri, yen ilubiung di milist [EMAIL PROTECTED] teh ulah ngan saukur ngaradu rahul, tapi kudu bisa ngabuktikeun silaturahmi di alam nyata. Basana teh meureun kieu : �Para anggota milist urang sunda nu tiheula geus bisa ngawujudkeun Yayasan Perceka, cik geura prak buktikeun naon anu arek diwujudkeun ku aranjeun, he sakabeh nu alanyar ?!�

Gagasan geusan �ngayonan� eta panangtang kantos digorowokkeun ku pangersa Kang Siddik Wiradereja ti tungtung Seoul, perkara nyieun hiji pakempelan. Tapi, meureun can tepi kana waktuna, da buktina teu acan aya wujudna.

3.     Maksud Yayasan Perceka.

Numutkeun akte, Yayasan Perceka teh kagungan maksad kieu : �Turut serta dalam menunjang pembangunan nasional dan program pemerintah di bidang pendidikan dan kebudayaan dengan ikut berpartisipasi dalam pelestarian dan pengembangan budaya nasional khususnya Sunda�. Yayasan nu kagungan maksad sapertos kitu teh jumlahna parantos dugi kana istilah �mangpirang-pirang�, utamina �Yayasan Pendidikan� anu teu aya patula-patalina sareng milist [EMAIL PROTECTED] sareng teu aya sangkut-pautna sareng kumaha carana ngaropea (�me-minij�) Urang Sunda anu �marakbak� di saampar jagat luyu jeung kasauran Karuhun Sunda : �Sunda lain sarubak jamang, tapi Sunda saampar jagat�. Walhasil, nu kudu �ngalangkang� dina pikiran nalika nyaritakeun Urang Sunda teh lain ngan saukur �Jawa Barat�, oge lain ngan saukur Ciamis-Tasik, tapi dunya !

4.     Tujuan Yayasan Perceka.

Numutkeun akte, Yayasan Perceka teh kagungan tujuan kieu : �Mengembangkan kesadaran berbudaya nasional khususnya Sunda kepada masyarakat terutama generasi muda�.

Nu katara pang atrana dina tujuan Yayasan Perceka teh nyaeta �generasi muda� sangkan sadar kana perluna �berbudaya�. Anapon anu katarana samar-samar, malah deukeut-deukeut kana pabaliut, da geuning budaya nu dimaksudna teh nyaeta budaya nasional jeung budaya Sunda, sedengkeun para milist [EMAIL PROTECTED] yakin mangrupi jalmi-jalmi Sunda anu kandel kasadaranana geusan ngamumule Budaya Sunda.

5.     Usaha-usaha Yayasan Perceka.

Usaha-usaha Yayasan Perceka anu diberendelkeun dina akte teh langkung ngayakinkeun wireh ieu yayasan teh teu aya pakuat-pakaitna sareng milist [EMAIL PROTECTED] oge sareng �kondisi� Urang Sunda anu �marakbak� saampar jagat anu peryogi dirawu dipangku sarta perlu diropea sangkan aya mangpaatna pikeun kamekaran Tatar Sunda.

 

(Hanca)

 

Salam,

Kang Dien


Do you Yahoo!?
vote.yahoo.com - Register online to vote today!

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id





Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id



Yahoo! Groups Sponsor
ADVERTISEMENT
click here


Yahoo! Groups Links

Kirim email ke