Haturan Baraya........

Nuju sikuring mulang kasarakan di lembur Parung - Subang, ngariung jeung
kulawarga katut tatangga saba'da shalat Ashar. Lar liwat lalaki nu make baju
pangsi hideung bari nanggung boboko, ayakan, hihid jsb. Teras di calukan ku
Pun Uyut teh, "Kang....Aya Hihid ?!!", barang eta lalaki ngalieuk leketey
hate kuring ninggal anjeuna mani tos sepuh pisan komo pas gok nendeun
rancatan hareupeun kuring pisan mah eces eta lalaki tos aki-aki, (beda jeung
aki uing nu di Kusnet).

Sabada pun uyut ngagaleuh hihid, teras sikuring naros ka pun biang, "mah,
ayakan na sae nya ?" saur pun biang teh "kanggo naon atuh teh, apanan tos
aya itu ge ?" ku abdi pun biang teh ditangkep bari ngaharewos "Upami bapa
eteh icalan nu karitu heg tos sonten barangna seueur keneh, mulang ka lembur
tebih keneh biheung kenging kanggo ongkos, dalah tuang ge artosna duka aya
duka henteu, mangkaning pangaos barang-barangna teu sabaraha." Alhamdulillah
pun biang teh ngartos kana maksad kuring, teras ngagaleuh hihid hiji hargina
Rp. 2000, teras ayakan hiji Rp. 5000 jumlah Rp. 7000, rada reuwas oge pas
ngadangu pun biang nawis "Genep rebu we nya , Ki !". Si Aki ngahuleng teu
lami teras nyanggeman "mangga atuh....."

Nuju Pun biang nyandak artos ku kuring dituturkeun, "mah, pirah ge sarebu
mani ditawis sagala boa untungna si aki teh teu sabaraha " Pun biang teras
istighfar "Astagfirullah, enya teh aduh dasar ibu-ibu hayang murah wae
balanja teh !" (padahal sarebu ge kanggo abdi+kulawargi mah ageung pisan,
abdi ngartos maksad pun biang teh.)

Teras di asongkeun artos Rp. 7000 ka si Aki tukang dagang, abdi reuwas tapi
reueus nalika ninggal si aki ngetang artos sababaraha kali bari jeung teras
ngahuleng, teu lami naros ka pun biang, "neng, ari hihidna nyandak sabaraha
hiji ?" saur pun biang ngawaler "hiji", sikap si Aki nu jujur nu mentak
reueus " atuh ieu langkung Rp.1000, apan tadi abdi tos masihkeun hargi Rp.
6000"

Subhanallah.....pikir kuring asa jarang mendakan tukang dagang jujur
sapertos kieu, saur anjeuna "moal berkah neng, upami aki nuang eta artos"
kapincut kusikep si aki nu jualan nepi ka kiwari ringkig jeung guratan
kariput dinu taar sareng pipina katinggal keneh, bral aki geura papag rizki
Alloh nu tos disebar kanggo MahlukNa. Bari muji jeung ngadu'akeun si aki ras
kuring inget ka jembatan nu aya di hareupeun MM Bekasi sok mindeng amprok
jeung aki-aki nu teu beda umurna jeung si aki nu ieu, ngan beda pisan
pakasaban na.

Bari ngangkat rancatanna si aki nyapu panon kuring bari nyarita " neng cik
pilih mending mana antara KUKURUMUYAN sareng KOKOROMOYAN ??" kituna teh bari
ngekeh jiga nu surti jeung tiasa maca pikiran kuring, teras si aki ngangkat
rancatan ngingkig neruskeun lengkahna bari teu ngalieuk deui, ka kuring.
Harita panon peo tos nyalindung disatukangeun gunung sakedap deui adzan
maghrib bakal nyalukan Mahlkuk Alloh keur Sujud ka mantenNa.

Sabaraha lilana kuring ngahuleng ngalenyepan kecap si Aki, kakara jentre
saatos pun Uyut ngajelaskeun bari ngabaheuhay diteras payuneun bumina,
saleresna ieu ge Uyut batur nu nganggap incu ka kuring (kaleresan anjeuna
teu gaduh putra ), kitu deui kuring nganggap Uyut ka anjeuna kumargi Aki ti
pun biang sareng Aki ti pun bapa mah tos parupus.



Nu nuju nineung ka si Aki tukang Hihid.

Neng an....
* Iraha kuring boga panti jompo nya ??


------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
$9.95 domain names from Yahoo!. Register anything.
http://us.click.yahoo.com/J8kdrA/y20IAA/yQLSAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke