leres pisan ua .. di jepang kamari dinten saptu aya lini, lumayan ageung dina 20 menit aya sababaraha kali kajantenan ti 6,5 skala richter dugi ka 4 skala ricther. daerah nu keuna ku gempa teh di niigata, jepang kaler rada ngulon, papayun-payun sareng korea.
 
nguping wartos ti rerencangan mah Insya Allah teu aya urang Indonesia nu janten korban, boh mahasiswa atanapi nu didamel. kantos rada reuwas oge margi saatos gempa dugi ka tabuh 10 wengi, komunikasi ka niigata sempet putus. seueurna urang indonesia tumetepna di apartemen, sedengkeun anu rentan rubuh ku gempa utamina bumi biasa.
 
sakitu wartos ti gifu, jepang tengah.
 
salam,
budhi
oritate permai
----- Original Message -----
Sent: Monday, October 25, 2004 12:21 PM
Subject: [Urang Sunda] Lini+Antrax

Haturan baraya,
si kuring maca koran jawa pos tadi enjing rehna di jepang aya Lini anu
ageung pisan, kitu deui di bogor aya musibah daging anu keuna ku antrax.
Mudah-mudahan baraya anu di jepang sareng di bogor ditangtanyungan ku Allah
SWT.
baktos,
Tito * nuju ngabandungan musibah



Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id





Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id



Yahoo! Groups Sponsor
ADVERTISEMENT
click here


Yahoo! Groups Links

Kirim email ke