Panganteur : Kuring gaduh buku "Kidung Sunda", nu cenah meunang nyalin tina Basa Kawi lalakon alam Majapahit, Bale Pustaka - Weltereden 1928. Diseueuran ku Yayasan Pasundan kanggo lingkungan nyalira, janten parantos dirobih ku ejaan enggal ngan hanjakal buku ieu teh ketikan sanes citakan nu difotocopy.
Dihandap ieu dina pupuh Wirangrong digambarkeun kumaha Putri Sunda nelasan diri kulantaran bela pati ka ramana saatosna Raja Sunda sareng parjuritna tumpur sadayana. Biasana nu namina "bela pati" dilakukeun dipayuneun layon nu dibelaan, tapi kumargi sieun kaburu kapendak ku musuh, teras dihalangan paniatanana, putri sunda akhirna nelasan diri di pakemahan benten sareng Prameswari & istri-istri nu sanes, nu bela pati di payuneun para layon. Nyanggakeun: Pupuh Wirangrong Enggalna Ratnayu Putri, sasambat ka Maha Katong, Ratu Sunda nu geus pupus, nu geus mulih ka jati, Duh Kangjeng Rama antosan, abdi pun Galuh rek bela. Rek Sumujud lahir batin, netepan unggal papakon, tuhu ka kersa Yang Agung, geus kitu enggal Nyi Putri, tuluy ngalugas kerisna, dibebener kana dada. Gejos Putri newek diri, pucuk keris nanceb jero, geus niir kana jajantung, golepak Ratnayu Putri, pupus sapada harita, geus mulih ka kalanggenan. Para istri nu ningali, petana Nyi putri Anom, rea nu pating rumpuyuk, bawaning paur hawatir, tingjarerit tingkoceak, ngalempreh kabarajaan. Nu kiat ngan Prameswari, netepan kana papakon, kandel iman tuhu pengkuh, istuning geus gilig galih, leungit nyaah kadunyaan, panteng paniatan. ............... Enggalna Parameswari, bebersih tuluy nganggo, anggean bodas tur alus, kabeh garwa para mantri, sami niat ngring bela, sarba nganggo sarwa bodas ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> Make a clean sweep of pop-up ads. Yahoo! Companion Toolbar. Now with Pop-Up Blocker. Get it for free! http://us.click.yahoo.com/L5YrjA/eSIIAA/yQLSAA/0EHolB/TM --------------------------------------------------------------------~-> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

