heheheh leres pisan nu di pihatur kang Dudi : yen perkawis roh mah urusan nu
kagunganana,  urangmah dipasihan mung sakedik tah nu sakedik eta anu kuurang
kedah dikobet salebet-lebetna, teu sawios-wios kang abdi oge sami-sami deet
tapi kan urang silih tembrakeun kaweruh anu aya sok sanajan sakedik nu
penting ulah janten pacogregan sareng pabentar paham.
hapunten anu kasuhun.
----- Original Message -----
From: "dudi" <[EMAIL PROTECTED]>
To: <[EMAIL PROTECTED]>
Sent: Wednesday, October 27, 2004 3:31 PM
Subject: Re[3]: [Urang Sunda] Logika-logika anu salah/ibadah vs korupsi


Haturan Kang Oman, Kang Tito sinareng Kang Hasan...,

Kang Oman, Insya Alloh minggon payun sim kuring di bdg, mung teu acan tiasa
janji nepangan bilah teu kabujeng kumargi teu acan jelas jadwal kegiatanana,
upami aya waktos mah torojol baelah da alamat mah tos ayalah. (punten
ngalangkungan jarum)

Perkawis korupsi alesan pikeun ibadah kalebet "logical fallacy
(LF)/kasalahan logika (KL)"  raraosan mah langkung condong kana manipulasi
logika, nyumputkeun niat awonna eta jalmi, atanapi leres kasauran Kang Rani
"sempal kapiguyon" wungkul ti sang koruptor nyumputkeun kaera,  mung
masyarakat serius teuing nganggapna anu antukna janten LF/KL kanggo anu
awam.

Kang Hasan, punten ngiring nimbrung nya! etang-etang ngabuburit bae ieu mah.
Perkawis istri hoyong make-up ku alesan ibadah (nyugemakeun caroge) >
carogena ngagunakeun logika (fikr/uteuk) samentawis istrina meryogikeun
estetik (rasa/hate) ku alesan anu logis antukna tulalit. Make-up sejarahna
kumaha, nya? Moal kitu kawitna tina balur supados teu dikerepuk rengit
sapertos urang irian? Teras panginten aya jalmi anu gaduh citarasa estetis
balur teh dipapantes anu antukna ayeun janten etiket yen sakumna istri kedah
nganggo make-up malih ayeuna mah tos janten etika anu logis, teu logis upami
istri henteu nganggo make-up. lieur jadina....!!!


Kang Tito, punten teu dipayunkeun kumargi ngait kana "ruh" mah abot pisan.
Ieu aya ayat kanggo ngayakin keun (sugesti) keging milarian ku search engine
kapungkur aya posting software Al-qur'an upami teu lepatmah ti Kang Surya,
kumaha Kang Surya hadir kitu?)anu unina "Roh itu termasuk urusan Tuhan-ku,
dan tidaklah kamu diberi pengetahuan melainkan sedikit"[17;85] sok sanaos
sakedih tapi tiasa dibuktoskeun existensina.
Upami diudag kana ruh-na ka kurung sadayana manawi nya, Kang Tito. Janten
naon-naon anu dipilampah ku urang teh kedah tuntas/palipurna, terang mana
syareat mana anu hakiki/haq-na, ibadah ritual/mahdoh mangrupi tarekah kanggo
ngahontal tujuan akhir-na nyaeta asalna ti Pangeran balik ka Pangeran,
asalna suci balik kudu suci upami henteu suci moal bisa balik ka asal.
Janten upami kitu mah hirup teh mangrupi lalampahan ruh anu "terjebak"
diraga manusa, da engke ge raga badagna mah ditinggalkeun. Ibarat mobil
ditinggalkeun supirna nalika sisupir tos teu butuheun mobil, tiasa kumargi
tos dugi ka tujuan atanapi mobilna reksak, supados dugi katujuan mobil ulah
boga kahoyong anu neko-neko, percanteunkeun bae ka supir, ceuk supir
mengkol-mengkol ulah lempeng upami mobilna ngalawan hartosna eta mobil aya
gangguan kedah dibengkel. Tah ayeuna dimana ruang kontrol diri urang tempat
dumukna supir? (sakitu heulalah kabujeng leiur deui bae...), Kang Tito anu
dipihormat, hapunten ngajina sim kuring deet keneh.



Wassalam,
dudi_ss
  ----- Original Message -----
  From: mh
  To: [EMAIL PROTECTED]
  Sent: Wednesday, October 27, 2004 12:00 PM
  Subject: Re: [Urang Sunda] Logika-logika anu salah


  kang OMAN kuring jadi inget kana kasauran ustad A.F.
  GAZHALI, da'i kondang tea nu sok da'wah nganggo basa
  SUNDA. dina salah sawios ceramahna aya dialog, antara
  caroge sareng istrina.

  --- Oman Abdurahman <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
  >
  > Dina kahirupan sapopoe, urang mindeng ngalakukeun
  > atawa boga sikep hirup anu jero-jerona nembrakkeun
  > kasalaha logika.






------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
$9.95 domain names from Yahoo!. Register anything.
http://us.click.yahoo.com/J8kdrA/y20IAA/yQLSAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke