Hatur nuhun kanu mairan. Komo ditambihan ku cariosan Teh Tati anu di Amrik, oge dongeng MJ soal zinah di nagara swedia. Sadayana oge nunjukkeun ukuran moral soal zinah, nginum-nginum jeung ngadu teh relatif, beda-beda di unggal etnik/bangsa. Tong boro nu tebih jeung bangsa sejen, diantara etnis-etnis di Indonesia oge aya perbentenan. Di Bali teu aneh lamun dina pernikahan, panganten awewena geus mendeyang beuteungna. Ngadu hayam di Bali malah salah sahiji kawajiban adat. Di Minahasa, lamun natamu lain disuguhan Cai teh atawa kopi tapi saguer, arak tina lahang kawung. "lain lubuk lain ikanna" atawa beda leuwi beda laukna, ceuk MJ mah. Teu bisa disaruakeun.
Salah sahiji kalemahan para moralis di bangsa urang, nyaeta ukuran moralna anu statis henteu dinamis, padahal di jaman modern jiga ayeuna, moal aya hal-hal anu statis, tapi sadayana oge dinamis. Kapungkur henteu aya mobil, janten henteu peryogi "moral" kumaha lamun urang nyupiran mobil. Benten jeung ayeuna, peryogi moral anyar nu kapungkur mah henteu aya, dina nyupiran mobil. Hal nambahan ukuran moral ieu, ngarambah ka widang-widang sejenna. Tapi ceuk kuring mah, urang sering tinggaleun dina ngantisipasi hal-hal anu dinamis kieu, barang-barang nu modern geus asup, moral keur ngaturna acan aya atawa can ngakar dimasyarakat, tuntungna kacau-balau. Kuring kungsi ngobrol jeung lurah di Bandung Kaler, nu daerahna teu meunang diwangun gede-gedean kulantaran daerah resapan cai. Ceuk kuring teh, " Pa pan didieu mah teu kenging diwangun perumahan, margi daerah resapan air?" Jawab Pa Lurah, matak kaget : " Ah keun we da eta mah aturan jelema, bisa dilanggar, lain aturan agama, teu aya dina Al Qur'anna oge" Ukuran moral Pa Lurah ieu, ngan saukur nu disebat dina agama, teu meunang nginum arak, ngadahar babi, teu meunang zinah jeung teu meunang ngadu. Ari ngarusak lingkungan mah ukur ngalanggar aturan jelema, moal dibabawa ka akherat. Kuring curiga, soal korupsi oge, boa-boa ukur dianggap aturan jelema ....moal dibabawa ka akherat, nu matak di Departemen Agama oge korupsi mah mahabu sabab meureun boga anggapan aturan soal korupsi mah jijieunan jelema ......lain "diturunkeun" ti langit! -WALUYA- ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> Make a clean sweep of pop-up ads. Yahoo! Companion Toolbar. Now with Pop-Up Blocker. Get it for free! http://us.click.yahoo.com/L5YrjA/eSIIAA/yQLSAA/0EHolB/TM --------------------------------------------------------------------~-> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

