Ah, Abah mah... masalah dana panalungtikan nu seuseut seuat di nagara urang mah teu kedah dipatalikeun sareng Harun Yahya, da memang ti kapungkurna ge dunya panalungtikan di urang mah teu weleh walurat. Masih jauh ka tangeh mun urang ngabayangkeun yen sual konflik evolusi- kreasi sapertos kieu mangaruhan kana kawijakan anggaran pamarentah. Malah boa nu di laluhur mah teu ngalartieun naon nu diributkeun...
Aeh, manawi aya nu uninga perkawis karya2 pangeran Wangsakerta, kungsi henteu nya medal dina mangrupi buku transkripsi? pami aya, asa hoyong pisan maca, kumaha runtuyanana nu asli. Pami ngarujuk ka buku Yuganing Rajakawasa, bingung mana nu asli ti naskah P. Wangsakerta sareng mana nu sanes... isk --- In [EMAIL PROTECTED], "Waluya" <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > Ngan nu manghanjakalkeun teh teu aya ahli ti Indonesia nu kasebut- sebut > padahal Flores teh ayana di Indonesia, sanes di Australia. Ceuk wartos dina > Kompas, biaya soal penelitian kieu di nagara urang alit pisan. Tapi oge > jigana mah teu katarikna urang indonesia kana urusan "asal-usul jelema" > kulantaran Teori Darwin soal asal-usul mahluk hirup geus dianggap runtag ku > Harun Yahya, ahli filsafat urang Turki, nu bukuna di indonesia mah laku > pisan jeung geus dianggap referensi sabage buku elmu pangaweruh. Duka ari > Kang Rahman nu di nagari Walanda terang henteu Harun Yahya sareng > buku-bukuna? ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> Make a clean sweep of pop-up ads. Yahoo! Companion Toolbar. Now with Pop-Up Blocker. Get it for free! http://us.click.yahoo.com/L5YrjA/eSIIAA/yQLSAA/0EHolB/TM --------------------------------------------------------------------~-> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

