huuuuuuuhh........huuuuuuuuuuuuuu...........sugan teh ngan kang hendri wae, si horeng neng an oge pamitan miang..............duh...asa nyorojod bulu tuur, naha aya naon ?.......................jeung kunaon ?.......................... do'a ti sim kuring mugi aya dina kawilujengan lan aya dina ridhoNa.....aminn.........neng an sareng kang hendri bilih bade japri ka sim kuring " [EMAIL PROTECTED] " hampura akang sok nyarios nu teu pararuguh . inshaallah upami cuti bade nyimpang , eta oge upami kersa.

wassalam

msm



Cecep Wahyu <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Ehm...neng...jadi sedih eung,,,,
hampura yeuh Kanda nu sering haeureuyan,, tapi da leres neng muhun nyaah yeuh.. rumasa teu boga adi awewe...sugan wae nyaanan jadi adi... deuh karunya ka KAng Surya oge yeuh teu aya batur dor dar pasea... hmmm sugan wae tiasa diteraskeun usaha ngahijikeun dua mahluk Allah teh... ;)..
 
Heug Neng, keun teu nanaon sanaos teu tiasa ngariung deui di alam maya, sugan engke tiasa ngariung di alam nyata, abdi nyusul ka Cikarang..nya..
 
Deur ahhh.....
 
Baktosna,
Ule...* Geugeur ka Neng maung van cikarang teh..
-----Original Message-----
From: Ani Puspita [mailto:[EMAIL PROTECTED]
Sent: Friday, October 29, 2004 3:05 PM
To: '[EMAIL PROTECTED]'; '[EMAIL PROTECTED]'
Subject: RE: [gankleboy] Pamit

Assalamu'alaikum baraya saalam dunya

Punten abdi bade amit undur ti ngawitan kaping hiji November saterasna, ti
alamat ieu. Insya Alloh sanes waktos upami diparengkeun ku Gusti Alloh abdi
tiasa ngulampereng deui ka ieu lembur panginten ti warnet.

Neda dihapunten samudayaning kalepatan, nyuhunkeun du'ana mugia urang nu
silaturahmi di alam maya tiasa silaturahmi di alam nyata, haturnuhun kana
elmu nu tos kapulung ku abdi, kanyaah nu tos karaos ku abdi, ti ngawitan
gabung sareng ieu millis abdi teh tos kenging baraya dimana-mana nu
alhamdulillah sadayana nyaah ka abdi, sanaos urang teu acan patepang. Sasih
ieu sareng dinten ieu teh abdi gabung janten anggota kusnet tos sataun
langkung 18 dinten, seueur pisan lengkah nu kaukir dina kahirupan abdi nu
dipangaruhan ku komunitas ieu, utamina mah elmu perkawis kasundaan.

Tingawitan hiji november alamat email abdi tos robih janten
[EMAIL PROTECTED]



NINEUNG


Nineung na mah nineung ka anjeun
Tapi lengkah kuring kabetot ku aturan
Sedeng tanaga kaperes ku waktu
Jeung ti ayeuna nafas diitung nepi ka tilu
Kiwari oktober nincak ka-29, isukan 30, pageto 31

Senggahna mah nataku, kedah nyingkah ti ieu lembur
Sedihna mah karasa kedah pisah jeung warung, jeung balarea

Nineung na mah nineung ka anjeun
Keun, kuring lunta moal lila
Neda du'a tibalarea urang tiasa silaturahmi
di alam nyata !!



Pihatur Baktos
Neng an...
*sasedih-sedihna maung ngalengkah sedih keneh sikuring nu lunta !


Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




Cr�ez gratuitement votre Yahoo! Mail avec 100 Mo de stockage !
Cr�ez votre Yahoo! Mail

Le nouveau Yahoo! Messenger est arriv� ! D�couvrez toutes les nouveaut�s pour dialoguer instantan�ment avec vos amis. T�l�chargez GRATUITEMENT ici !

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id



Yahoo! Groups Sponsor
ADVERTISEMENT
click here


Yahoo! Groups Links

Kirim email ke