"Lain Padang Lain Belalang Lain Lubuk Lain Ikannya" eta mah tos
mangrupikeun Sunatullah, pan aya dina kitab oge, leres? Bade di amrik
kitu - di indon kieu, di bali kitu - di sunda kieu, mung abdi mah
percanten anu tiasa ngahijikeun eta teh nyaeta kayakinan anu standar,
anu universal tea cenah. Upami teu aya standar mah kumaha atuh, matak
pasisirik jeung pibingungeun hirup teh, gegar budaya kitu? Urang Amrik,
Jepang, Indon, Bali, Minahasa, Batak, Sunda...upami tos ngagem kayakinan
anu universal eta henteu kenging ngalakukeun padamelan anu dilarang ku
kayakinannana.

Contona Umar bin Khattab basa nuju kafir keneh pan Jegerna suku Quraisy,
jago abok, jago judeng, jago awewe, jago itu, jago eta...pokona mah siga
urang western anu wanted bae cenah dina buku karya Haikal mah...tapi ari
tos ngangken Islam mah pan gening robih janten pribadi anu
hade...khalifah anu sakses.

Nanging sanes jaminan yen anu ngangken kayakinan universal eta pasti
janten jalmi anu mulia darajatna...sapertos di Depag sakumaha anu
dibahas ku Abah Willy, rupina mah eta kajantenan dilantarankeun ku
pinter-pinterna jalmi-jalmi di Depag ngabobodo jalmi nu sanes ti
Depag...pan biasana kitu jalmi pinter mah sok nganggo kapinterannana
kanggo ngabobodo batur...rekayasa tea ti dituna mah nya...mung nu
direkayasana rupina mah kirang nyugemakeun anu sanes...punten nya urang
Depag...da kitu cenah saur Abah Willy mah...mugi sing enggal back to
basic lah sadayana pokona mah ulah ngan urang Depag wungkul...amiiin...

Di lain pihak ( naon sunda nya? ), aya beda dina cara tafsir, mikir,
watak, daya pikir, letak geografis, sareng nu sanesna anu ngajantenkeun
perbedaan cara ngamalkeun kayakinan eta...kukituna teras aya seueur
aliran/mazhab di agama naon bae.

Ulah hilap oge sagala rupi usaha urang dina raraga melak anu haq sareng
ngaruntagkeun anu batil kalayan niat ikhlas karna Allah pasti
diperhetangkeun ku Pangeran. Sapertos FPI, upami niatna ikhlas karna
Allah, ngaruksak tempat maksiat anu sok dipake tempat kongkow and
indehoy para maling kelas amuba dugikeun ka kelas dinosaurus tangtos
diperhetangkeun oge atuh ku Pangeran. 

By the way, biasana anu kenging togel, pasti harta tina nu haram eta teh
seuseueurna seep kanggo jajan anu haram deui, saeutik kanggo misalna
ngeusian eusi peujit anak pamajikanna mah, komo kanggo infaq, kunaon
kitu - kumargi "kayaknya nggak acik dech!!!". Nya kitu oge koruptor,
hasil tina korupna teu saeutik dianggo judeng, abok, lacur, salingkuh,
cs...malah mah pangna katagihan nu kitu urang bisa jadi koruptor.

Masalah bangsa ieu masalah urang sarerea teu tiasa numpukkeun tanggel
waler ka hiji individu atanapi pakempelan komo deui milis. Ayeuna wantun
teu uji nyali? Urang sunda we heula ngamimitian uji nyali melak anu haq
sareng ngaruntagkeun anu batil kalayan niat ikhlas karna Allah. Sok der
ahhh...

Hapunten tina sagala rupi kalepatan, rumaos simkuring mah jalmi alit
songong bodo tapi nyanyahoannan, jrrd. Mugi dina wacana ieu urang
sadayana tiasa ngahontal hikmahna. Amiin.



Baktos Adul
*jeger gang lebe



------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
Make a clean sweep of pop-up ads. Yahoo! Companion Toolbar.
Now with Pop-Up Blocker. Get it for free!
http://us.click.yahoo.com/L5YrjA/eSIIAA/yQLSAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke