Haturan kang Tatang Sariman, mangga wilujeng gabung di lembur kusnet, matak pogot kang..!, resep lah anu aya, janten seueur baraya. Malihan sareng kang Mh mah parantos pendak ti payun, sareng insyaAlloh bade kopdar kaping 9 Nov, upami teu aya halangan harungan. Dupi kang Tatang oge mudik..? atanapi heunteu...?
Eh, teu acan nepangkeun sareng si kuring, teteh tea, ngakuna mah teteh , padahal sami wae angkatan.....manula..he he, di teteh2 soteh supados langkung wanoh, anu anom . anu sepuh, sami wae..nyebat teh teteh.... Panginten tiasa naros ka kang MH saha teteh teh..?
Rupina sakieu heula serelek ti si kuring, Hatur nuhun kang Tatan....tos kersa rurumpaheun ka lembur kusnet.
 
Salam
 teh tien
Kota Pahlawan, 31 Oktober 2004, tabuh 2 siang WIB

Tatang Sariman <[EMAIL PROTECTED]> wrote:


Tatang Sariman <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Asalamualaikum baraya sadayana,- simkuring aya sakedik usul dina nepangkeun teh kumaha upami diwajibkeun oge weweton atanapi "tempat dan tgl lahir", maksadna supados gampil ngabasakeun dina milis ieu. Sapertos ayi, Akang, Aki ssjbn. Kitu oge manawi teu kaabotan. Mangfaatna lumayan seeur: dina milang kala, nyebat dina panggilan, ssjbn.Hatur nuhun, wilujeng saum sareng Boboran. 

Dikawitan wae ku simkuring yeuh, saleresna waktos nepangkeun tipayun raraosan mah parantos; tapi teu aya awonna diulang deui : Nami abdi Tatang Abdul Madjid Sariman (Tasikmalaya, 5 Juni 1952); bubuara di Bandung tikawit SMP, teras dugi tamat S1 FE UNPAD sareng S2 UI. Tah geuning gampil nya ngabasakeun teh, tepatna kuring teh pantes disebat Aki, keur mah leres deuih da tos gaduh incu.  Padamelan ngajar di UNSRI Palembang ti kawit 1985. Dupi ayeuna nuju sakola deui (teu bosen-bosen) di USM Pulo Pinang Msia sakantenan ngajar oge di palebah Mantin, Bandar Universiti Teknologi Legenda, Negeri Sembilan, sapadamelan sareng ayi Harja (mh) sareng seueur deui tah rerencangan aki di dinya. Cag heula nya aki teh nuju nyerat hasil hese ngolah data yeuh. Hatur nuhun, wilujeng shaum sareng boboran.  


Do you Yahoo!?
Take Yahoo! Mail with you! Get it on your mobile phone.

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




Do you Yahoo!?
Read only the mail you want - Yahoo! Mail SpamGuard.

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id



Yahoo! Groups Sponsor
ADVERTISEMENT
click here


Yahoo! Groups Links

Kirim email ke