Kahade urang ulah kabalinger ku gelaran Indonesia negara anu digolongkeun no 5 dina korupsi di dunya???. Teras sapertos diangken yen koruptorna teh sok sholat??? pedah cenah??? Indonesia wargana paling seueur 'ngangken' ("mayoritas") agama Islam. Angot make mending milih anu tilu pilihan, utamina pilihan anu kahiji sareng kadua, asa kacida??? Upami eta pernyataan didukung ku data atanapi hasil nalungtik yen memang kitu ayana, saha wae moal tiasa nolak. Tapi keur kuring aya soal anu can kajawab; warga Indonesia teh mangrupi-rupi agama, suku, asal, sareng budayana. Cobi talungtik deui naha leres koruptor di Indonesia teh sok sarolat??? Jawabna pasti teu sadayana??? naha leres urang Indonesia asli??? Punten yeuh rada-rada nyerempet?? Tapi ieu sapertos nyakompet daunkeun lamun teu dirinci numutkeun ciri-ciri koruptorna. Mangga nyanggakeun ka para wargi sadayana, emutan sareng lenyepan, maksadna supados aya jalan kaluar tina gelaran awon
kitu??? wasalam.
MRachmat Rawyani <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
MRachmat Rawyani <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Saminggeu sateuacana puasa kuring, mirengkeun ceramah
hiji ustad. Intina mah ngajukeun "teori mending".
Mending milih pamingpin anu koruptsi tapi rajin sholat
jeung berehan, tibatan milih pamingpin anu korupsi
tapi teu sholat jeung medit. Leuwih hade deui lamun
milih pamingpin anu teu korupsi, rajin shalat jeung
berehan. Sabab dihareupkeun korupsinya bisa kaerem ku
rajin shalat jeung berehan.
Ieu teh sigana pangaruh tina falsafah Jawa,
"untung....masih shalat". Tibatan siga kieu "..eukeur
mah korupsi, tara shalat jeung medit deuih".
baktos,
--- Rahman <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> Kang Rchmat,
>
> Enya eta teh kitu? he he he
> Kuring teh sok rarajeunan, ceuk basa anu gede hulu
> tea mah, ngajar
> ka urang NL ngeunaan budaya Indonesia. Anu jadi
> kabingung teh keur
> neangan pijawabeun. Sabab tiap kelompok teh sok aya
> wae anu nanya:
> kunaon cenah, urang Indonesia teh kaitung manusa anu
> religius tapi
> geuning korupsi (=maling) mani mahabu kitu? Apan
> rengking na oge top
> 5?
>
> Sigana mah jawaban Kang Rachmat teh tepat pisan tah,
> he he he. Moal
> bingung ku pijawabeun :-))
>
> Baktos,
>
> Rman
>
>
>
> --- In [EMAIL PROTECTED], MRachmat Rawyani
> <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> > Aya rerencangan kuring anu ayeuna dumuk di luar
> > Indonesia, sok nyindir ka sim kuring "Nyaho
> heunteu
> > kunaon pamingpin Indonesia sok korupsi, tapi teu
> > ngarasa dosa?"
> > Ceuk manehna keneh, "sabab niatna ibadah. Ibadah
> rek
> > ngabantu kahirupan kulawargana. Tah kusabab kitu,
> > tingali geura para pamingpin Indonesia negakkeun
> > shalat mah rajin, tapi korupsina oge paling
> getol."
> >
> > Ieu mah heureuy ti rerencangan kuring, tong jadi
> > emutan.
> >
> >
> > mrachmatrawyani
>
>
>
>
>
__________________________________
Do you Yahoo!?
Yahoo! Mail Address AutoComplete - You start. We finish.
http://promotions.yahoo.com/new_mail
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
__________________________________________________
Do You Yahoo!?
Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around
http://mail.yahoo.com
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
| Yahoo! Groups Sponsor | |
|
|
Yahoo! Groups Links
- To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.

