Wa'Alaikum Salam,
Mangga kang Ali, Wilujeng Sumping Wilujeng ngariung di Ieu lembur.. Bakus (
Babakan Kusnet ) Lembur di alam maya anu gaduh misi anu kalintang saena nya
eta ngamajengkeun Kasundaan boh rahayatna boh daerahna... 
tong boro kang Ali dalah sim abdi wae anu lahir di Leles ageung di Bandung..
angger wae geuning ari kana basa mah sesah.. Alhamdulillah saprak ngiring
ngariung di ieu lembur sok aya anu ngageuing oge ngalereskeun upami aya basa
anu lepat, kirang sae atanapi kirang meureunah...  
di Jerman mah sareng kang Irfan ateuhnya? kantos pendak sareng kang Irfan
teu?

aeh muhun hilap sakantenan yeuh.. nepangkeun abdi wasta mah Cecep Wahyu,
katelah Ule ( landian ti pun lanceuk ) kawit ti Bandung, Cicadas ( sabalad
sareng Ua Tito ) ayeuna nuju lunta mung kaluar Tanah Sunda wungkul.. nya eta
di Nagri Segantang Lada alias Tanah melayu Riau.. P. Bintan ( sagedengeun P.
Batam, bilih teu terang mah da anu terkenal mah Batam.. ;) damel janten Kuli
di pausahaan urang Jerman . mung gaduh Boss ti Urnag Sipit ( punten sanes
Kang Surya )..Cina Singapur... 

mangga kang Lajengkeun, kahade ahh ari kanu masih lalagasan teh sok bilih
aya anu ngarontok..tuh Neng Amoy mani tos ngadodoho.. Neng Ipup mah teu
janten da kabujeng digiwing ku Kang Kumi...hehehee...

Cag ahhh..
Baktosna
Ule...


-----Original Message-----
From: Ali Irawan [mailto:[EMAIL PROTECTED]
Sent: Sunday, October 31, 2004 11:09 PM
To: [EMAIL PROTECTED]
Subject: [Urang Sunda] salam kenal





Assalamu'alaikum....

Punten....
Kuring warga anyar yeh..,
edek Gabung di milis...!
nami Si kasep Ali Irawan (da kudu jujur atuh)
status "jomblo keneh" ( kudu jujur dei)
ayena ker sakola keneh di negeri Paman Hitler
Punten we mun aya kalepatan, da kuring lain urang sunda asli.
Lahir di Jakarta nepi gede di Jakarta. 
sakitu hela we..

wassalam



------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
Make a clean sweep of pop-up ads. Yahoo! Companion Toolbar.
Now with Pop-Up Blocker. Get it for free!
http://us.click.yahoo.com/L5YrjA/eSIIAA/yQLSAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke