ngiring mairan ah <susuganan nyambung> Ngadiskusikeun ngenaan SK (strategi kabudayaan) leres eta lain padamelan enteng-enteng. Lain lawaneun memeh sasarap ceuk paribasana. Ceuk kuring, anu bisa jadi ngaco, geus we da pada apal yen strategi kabudayaan teh memang kacida penting keur ieu bangsa. Lain ngan wungkul US, tapi oge Urang Indon. Tah, kusabab kitu, kuring ngabogaan sababaraha kapananasaranan, ngenaan hal ieu: 1. Cing numutkeun baraya sadaya, Budaya Sunda (BS) kahareup teh naha kudu resisten kada budaya dengen, atawa akomodatif; 2. Terus, kumaha paradigma BS umpama didahupkeun jeung Budaya Indonesia (BI)�sok sanajan wujud budaya Indonesia tepi ka ayeuna masih keneh hese didefinisikeun. Naha, BS jadi sub-kultur BI, atawa hirup masing-masing? Mun pilihana anu kahiji, cing model relasina saperti kumaha, tapi mun anu kadua oge siga kumaha? 3. Teras, naon ukuran wujud BS anu bisa ditinggali, dileketkeun, jeung ditengetan ku urang, sahingga urang bisa jentre manggihan bukti yen BS masih keneh kompetitip jang US (tangtos di luar prkatik bahasa sapopoe). Mun nilei, nilei naon? Mun citra, siga kumaha, jeung sajabana? 4. Mun disebut krisis kebudayaan di US, naha saleresna ieu lain ngarupikeun fenomena global. Tinggal teorina Roby Muhamad ngenaan teori jaringan sosial. Identitas kultural anu embedded (napel) di urang pan tos given. Tah, ku modal eta urang ngadefinisikeun deui salaku warga dunya. Kumaha US mosisikeun maneh dina konteks anu ieu? 5. Kuring kungsi maca buku Peursen ngenaan SK. Cenah, dina salah sahiji kasimpulana ngeceskeun yen visi etik anu paling penting diayakeun dina dunya poe ieu anu geus ngaliwatan pase mitis, ontologis, tur epistemologis. Tah mun make konstruk manehna (Peursen), cing visi etik anu siga kumaha anu dipiboga ku urang. 6. Ayeuna di Nagri Tatar Sunda geus pagaliwota seler sejen. Tangtu kanyataan ieu mangaruhanan kana dinamika BS sorang. Aya proses akulturasi, asimililasi, jeung sajabana. Tah mun ninggali kaayaan ieu, kumaha urang kudu nyikepanana? 7. Sok sanajan Tatar Sunda (TS) geus kakoncara nagri anu gemah ripah tea, tapi SDA di TS ayeuna geus kacida pisan ruksakna. Daya dukung lahan jeung nambahna rahayat sigana geus teu saimbang. Leuweung beak ku sakadang Perhutani. Walungan loba anu geus pinuh rurujit. Jauh ka kaayaan siga jaman siliwangi anu bisa dipake lalayaran. Ieu hiji fakta, yen problem sosial, kultural, tur ekologi di TS geus kudu dipikiran sarius. Cing mun urang ngobrol SK anu abstrak, kumaha tah ninggali eta pasualan?
Sakitu heula ah Baktos tantan --- In [EMAIL PROTECTED], oman abdurrahman <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > Haturan baraya, > > Kadua perkara, ngeunaan nyusun Strategi Kabudayaan (SK) anu lain pagawean jore-jore. Sabab, teu bisa ukur nepi ka nyusun, bari heunteu jeung prakna. Kang Saini KM dina bukuna, "Krisis Kebudayaan" anu aya kana 2 bulan katukang diseminarkeun, nandeskeun yen ayeuna pamarentah perlu nyieun SK. Sok sanajan telat, da upama nilik ka bangsa Jepang anu ayeuna maju teh diantarana hasil strategi kabudayaaan Restorasi ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> Make a clean sweep of pop-up ads. Yahoo! Companion Toolbar. Now with Pop-Up Blocker. Get it for free! http://us.click.yahoo.com/L5YrjA/eSIIAA/yQLSAA/0EHolB/TM --------------------------------------------------------------------~-> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

