Haturan Mang Jojo, 
Masihan ka abdi mah moal ditampik, :)

~ipuP~

--- In [EMAIL PROTECTED], "Mang Jojo" <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> 
> Wa'alaikumus salam wr.wb.
> Bingah amarwata suta kalayan puji syukur lahamdulillah 
> rehna emang parantos kalaksanakeun tepang sareng Kang 
> Panzi kalih garwana, oge sareng Teh Novi ( anu harita mah 
> masih keneh lelengohan).
> 
> Emang asa diangken ku dulur pet ku hinis. Barang breh teh 
> asa teu asa-asa. Boboran oge ngahaja nedunan pangajang alo 
> Panzi  urang  murak timbel di "Batam Kuring", hiji resto 
> kagungan  Pa Lubis anu  istrina uarng Bandung  cenah.
> 
> Salebeting  murak tibel ngobrol galecok, brukbrak. Emang 
> ngaraos bingah tiadsa tepang sareng dulur ti Kusnet teh, 
> tetela aya mangpaatna ngariung di ieu dunia maya teh.
> 
> Hanjakal teu tiasa tepang sareng kang Iyan da kukupingan 
> teh Ramana Ngantunkeun di Garut. Allhummaghfirlahu 
> warhamhu waafihi wafuanhu. Mugia ditampi iman islamna, 
> dihapunten kalepatananan. Atuh kang Iyan tumetep dina 
> kasolehan sinareng teu petot-petot ngadungakeun almarhum, 
> sakumaha kasauran Rasulllah SAW yen amal hiji kjalmi teh 
> pegat iwalti sodaqoh jariyah, ilmu anu diamalkeun sarenga 
> putra anu soleh anu sok nghadungakeun ibu ramana.
> 
> Wangsul deui lalampahan di Batam,  nganjrek di Sei Jodoh 
> caket Nagoya (sanes Jepun ieu mah). Batam teh nuju 
> "kuriak" ngawangun. Sing saha anu gaduh artos mangga geura 
> maleser bumi di ditu,  etang-etang peperenian kanggo 
> kapayun. Cobi taroskeun ka Kang Panzi.
> 
> Sakumaha biasana cenah mun ka Batam teh sok hayang 
> balanja, tapi da artosna teua acan nyitak, kapakasa we 
> ngan kabujeng meser minyak seungit.  Rek masihan ka Neng 
> Mpup bilih ditampik, moal enya cenah calon panganten 
> dipaparin "air mata duyung". Wayahna Teh Mpup teu kaagehan 
>  nya, ulah bendu.
> 
> Sakali deui hatur nuhun ka Kang Panzi kalih garwa, oge Teh 
> Novi anu tebih-tebih nagbujeng.
> Salam ka Kang Ule di Bintan.
> Tilam sono ka sadaya wargi kusnet.
> 
> MangJojo






------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
$9.95 domain names from Yahoo!. Register anything.
http://us.click.yahoo.com/J8kdrA/y20IAA/yQLSAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke