Kang Tirta....ari di tempat sim kuring didamel mah teu kitu da, US teh jalalembar, bade dikamanakeun ge siap bae, sim kuring ge anjaclang ti kulon ka wetan ( ti Sumatra ka Irian/Papua) dietang-etang meh 24 warsi, ayeuna kakolotnakeun Alhamdulillah tos mulih pakandangan, tos ka lembur deui di Bandung, nu panungtungan teh di Sby, janten tatanggina Teh Tien.
Janten teu sadayana US ngotok ngowo, malih upami US di lembur batur sok kaimpungan/ kaseundeuhan...!!
 
MSasmita
 
-----Original Message-----
From: Tirta widjaja [mailto:[EMAIL PROTECTED]
Sent: Monday, November 01, 2004 3:41 PM
To: [EMAIL PROTECTED]
Subject: Re: [Urang Sunda] Nepangkeun deui

Memang Kang masalah mutasi teh sigana hese pisan diigelan ku US, atuh antukna (1) seueur US nu kaluar ti Depkeu tibatan ditempatkeun diluar  TS, komo diluar jawakeun; (2) daripada kaluar TS mending di TS, bae pangkat teu naek-naek ge. Alhasil ayeuna teh US enyaan jadi minoritas di Depkeu (dijamin Menkeu ge heseeun nyair US keur jadi Dirjen).
 
Kang Akos, sim kuring mah ti FE Unpad, ngawitan di BAKPNP (ayeuna Bd Analisa Fiskal), teras ka pajak, teras ka BPLK-Pusdiklat, teras ka BPPN, ayeuna tos 3 sasih di pajak deui! Tetep minoritas....
 
Salam
TCW
 


Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id



Yahoo! Groups Sponsor
ADVERTISEMENT
click here


Yahoo! Groups Links

Kirim email ke