*********************************************** Haturan kang Dani! Sami-sami kang Dani, muhun kang..... aya leres na oge nu dipedar ku akang teh, yen US teu wanen makalangan ........ sim kuring pami bade miang boh ti lembur atanapi ti lemah cai keunneun, pikeun buburuh istilah na mah .... sok aya bae anggepan nu nyapirakeun ti rerencangan sim kuring ti (seler nu sanes ) yen si kuring teh cenah na mah moal kuat lamun makalangan, da cenah na mah US teh "epes meer" (duka tah mun ieu mah, kuring mah teu rumaos)......... Nu karandapan ku sim kuring mah, pami tebih ti lemah cai teh...... sok aya bae nineung na teh ......... kadang emut ka kulawargi, ka lembur, ka tatar dugi ka lemah cai nu duka teuing iraha tiasa merenah na?......... Sim kuring oge waktos kapengker kangtos kukurilingan 3 taunneun di Batam sareng Singapur, ayeuna di Abu Dhabi duka atuh kapayunna mah kamana deui, sayaktosna mung alloh nu murbeng alam nu uninga mah! Tapi da kanggo sim kuring mah, weleh tebih ti lembur oge ... angger bae jati diri ki sunda na mah aya keneh (malihan mah ku ayana Babakan KusNet mah jadi nambleg..heuheuheu), kadang ku batur sakantor mah sok diheureuyan "Si kabayan!!" cenah (padahal kuring mah teu panuju da disebut si kabayan teh), da kuring mah mun keur ambek ka batur sakantor teh sok ngabasa sundakeun, tara iinggrisan komo aaraban mah (maksad na mah supados anjeuna teu kasigeug, tapi kuring oge ambeh bisa plong,... da bisa ambek tea...heuheuheu) Nanging kang, nu janten kakiatan ti jisim ieu mah kanggo makalangan ka mana mendi teh taya lian ti hoyong ngabela kana lumangsungna hirup kanu janten diri sareng kulawargi,..... nu lianna nu teu tiasa dihalang-halang nyaeta hoyong ngabuktos keun ka rerencangan ti seler nu sanes yen kuring/US oge kawasa makalangan. Tah Kang Dani... panginten sakitu heulanan deui nu kapihatur, mugi tiasa aya kana mangfaatna.
Baktos na, -pun adi- ***************************** On Mon, 1 Nov 2004 07:12:31 +0000 (GMT), Tirta widjaja <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > Hatur nuhun Kang Rudy, tuh geuning US teh gede wawanen, ieu aya US di Abu > Dhabi. Ceuk sababaraha urang di kantor ciri utama US mah ngagelung ka > indungna, teu wanen jauh ti tatar sunda. Bakat ku kuatna cenah ieu sipat teh > nerap ka seler lain nu kungsi kuliah di Bandung, geumpeur mun aya mutasi, > hayang na teh jalur parahyangan Bdg - Jkt bae. Duka heureuy duka serius, > tapi kesel oge ngadengena katurug-turug da asa enya deuih di kantor teh boh > US jeung nu kungsi lila di Bdg teh sok manca kaki lamun ditempatkeun di > luar Jawa Barat/Banten....utamina di luar jawa. Tujuanamah eta supaya mun > aya mutasi gancang ditaring deui ditempatkeun di Jabar. > > Kang Rudy sim kuring kawitna ti Kisunda, tah waktos ngobrolkeun Cimalati ku > teh Tien disarankeun lebet ka Urang Sunda. Kadua mulis ge pikaresepeun, > serius aya daria nyata...pokona mah jadi seueur gumujeng bari sakali-kali > ngabarakatak. Tapi nu pang pentingna keur diri pribadi, sim kuring boga > sumanget ngenalkeun basa (& sajarah) sunda ka katilu anak sim kuring. > > Salam > TCW > ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> Make a clean sweep of pop-up ads. Yahoo! Companion Toolbar. Now with Pop-Up Blocker. Get it for free! http://us.click.yahoo.com/L5YrjA/eSIIAA/yQLSAA/0EHolB/TM --------------------------------------------------------------------~-> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

