PAMENTA KA I MOJANG KA SEMAH

Amun tiasa ngabuktikeun
ali-ali sapasang
matana sarege intenanu tep dina jariji
bukti jodo kuring
Jadi Ma Lengser teh kedah angkat deui ayeuna
�Nuhun idin, Ma Lengser bade amit�
Mangga Ma Lengser, kuring ngidinan� ceuk Nyi Putri

LENGSER KA RATU BUNGSU

Nya angkat si Lengser ngabaliung sawah
angkatna ancul-anculan
angkatna Ma Lengser dunguh dangah
tamba kesel nya angkat
tungkul bari ngawaskeun ti hayam
ari tanggah bari milangan bentang
teu lami mah dongkap ka alun-alun

LENGSER JEUNG RATU BUNGSU

Pok ceuk Ratu Bagus Karma Jaya
�Bagea teuing nya Bapa Lengser�
�Nya kateda-katarimakeun� Ceuk Ma Lengser
�Kumaha Mama Lengser ditarima henteu ku mojang anu geulis
dina pangnyemahna kuring
�Ditarima pisan Ki Bagus
Ceuk mojang geulis
ngan ulah gupuh manis
 pamenta mojang anu geulis
aya pamenta ali-ali sapasang
matana sarege inten
anu tep dina jariji
bukti sore kawin sore
bukti isuk kawin isuk

PAMENTA KA I  ALI-ALI

Kesewel Ki Bagus nyandak
nya ali-ali tina kandungna
�Aduh Mama Lengser mangga
nyanggakeun ali sapasang
kadiparan kuring teu mekel
ari geus cocog geuwat saurkeun Ma Lengser
urang kawin gagancangan
�Atuh kuring mah nyuhunkeun idin bae
Mama Lengser bade ngadeuheus ka paseban panyingkuran
Ka Nyi Puti Malanggi Rarang
�Didungakeun pisan Ma Lengser
Nyi Putri ka enggal dongkap
Teu lami Si Lengser dongkap

LENGSER PAYUNEUN NYI PUTRI

Di Paseban panyingkuran
�Punten bae Ratu Emas
Mama Lengser calikeun
� Bagea Mama Lengser sumping
�Nya kateda ceuk Mama Lengser, katarimakeun.
:Kumaha teh Ma Lengser?
Kabuktian mawa henteu ali-ali sapasang?
�Nya enggih Ratu Emas, mangga nyanggakeun
ari atos katarima
urang enggal-enggal kawin gagancangan
�Aduh Mama Lengser
andeg tep dina jariji
sukur ayeuna geus ditarima ku kuring
saurkeun Ma Lengser
ka Ratu ti Pakuan
ka menak ti Pajajaran

(hanca)








------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
$9.95 domain names from Yahoo!. Register anything.
http://us.click.yahoo.com/J8kdrA/y20IAA/yQLSAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke