Wilujeng enjing Teh Tien kalih wargi Kusnet.
Mugia Teteh tansah ginanjar kawilujengan.
Bade iraha atuh ciosna Teteh ka Barelang ( Batam ) ? 
 Kacipta si teteh upami angkat kaditu mulihna teh bakal 
angkaribung ku oleh oleh.
Teh Tien boboran di mana ?
Wilujeng.
MangJojo

On Sun, 31 Oct 2004 22:03:16 -0800 (PST)
  teh tien <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> Wa'alaikumsalam Wr Wb
> 
> Haturan Mang Jojo.....damang...?
> Hatur nuhun atuh mang Jojo parantos patepang sareng 
>baraya urang anu aya di Batam. Asa gaduh wargi teh leres, 
>mung hajakal sareng teteh mah teu acan kaparengkeun, keun 
>atuh kapayun panginten tiasa patepang. Nya upami 
>kaleresan mang Jojo aya tugas ka Sby, moal teu ditampi 
>kang..!, mangga Mang Jojo iraha bade ka Sby..? 
>diantos.......
> Ayeuna teteh nuju ngantosan baraya urang anu bade mudik, 
>ping 9 Nov 2004, mugia teu aya halang harungan.......
> 
> Salam
> teh tien
> ( resep upami di anjangan ku baraya.)
> 
> Mang Jojo <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> 
> Wa'alaikumus salam wr.wb.
> Bingah amarwata suta kalayan puji syukur lahamdulillah 
> rehna emang parantos kalaksanakeun tepang sareng Kang 
> Panzi kalih garwana, oge sareng Teh Novi ( anu harita 
>mah 
> masih keneh lelengohan).
> 
> Emang asa diangken ku dulur pet ku hinis. Barang breh 
>teh 
> asa teu asa-asa. Boboran oge ngahaja nedunan pangajang 
>alo 
> Panzi  urang  murak timbel di "Batam Kuring", hiji resto 
> kagungan  Pa Lubis anu  istrina uarng Bandung  cenah.
> 
> Salebeting  murak tibel ngobrol galecok, brukbrak. Emang 
> ngaraos bingah tiadsa tepang sareng dulur ti Kusnet teh, 
> tetela aya mangpaatna ngariung di ieu dunia maya teh.
> 
> Hanjakal teu tiasa tepang sareng kang Iyan da kukupingan 
> teh Ramana Ngantunkeun di Garut. Allhummaghfirlahu 
> warhamhu waafihi wafuanhu. Mugia ditampi iman islamna, 
> dihapunten kalepatananan. Atuh kang Iyan tumetep dina 
> kasolehan sinareng teu petot-petot ngadungakeun 
>almarhum, 
> sakumaha kasauran Rasulllah SAW yen amal hiji kjalmi teh 
> pegat iwalti sodaqoh jariyah, ilmu anu diamalkeun 
>sarenga 
> putra anu soleh anu sok nghadungakeun ibu ramana.
> 
> Wangsul deui lalampahan di Batam,  nganjrek di Sei Jodoh 
> caket Nagoya (sanes Jepun ieu mah). Batam teh nuju 
> "kuriak" ngawangun. Sing saha anu gaduh artos mangga 
>geura 
> maleser bumi di ditu,  etang-etang peperenian kanggo 
> kapayun. Cobi taroskeun ka Kang Panzi.
> 
> Sakumaha biasana cenah mun ka Batam teh sok hayang 
> balanja, tapi da artosna teua acan nyitak, kapakasa we 
> ngan kabujeng meser minyak seungit.  Rek masihan ka Neng 
> Mpup bilih ditampik, moal enya cenah calon panganten 
> dipaparin "air mata duyung". Wayahna Teh Mpup teu 
>kaagehan 
> nya, ulah bendu.
> 
> Sakali deui hatur nuhun ka Kang Panzi kalih garwa, oge 
>Teh 
> Novi anu tebih-tebih nagbujeng.
> Salam ka Kang Ule di Bintan.
> Tilam sono ka sadaya wargi kusnet.
> 
> MangJojo
> 
> 
> 
> 
> On Tue, 26 Oct 2004 07:17:04 +0700
>  "B�sm���" <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>> > 
>> Kamari sonten abdi, pun bojo, novi kopdar sareng mang 
>>jojo... 
>> tadina mah Cep Agus bade ngiringan, hanjakal teu janten, 
>>> 
>> Alhamdulillah ku ayana Kusnet janten gaduh seueur 
>>baraya, 
>> ka baraya US nu bade nganjang ka batam, ulah sungkan 
>>nalipung baraya US nu aya di batam,
>> mugia tali silaturahmi urang sadaya langgeng salamina...
>> 
>> Panzi
>> *Mpup salamna tos ditepikeun...
>> *Mang Jojo ka batamna dina raraga seminar, ngke dinten 
>>rebo teras ka singapurkeun...
>> 
>> 
>>  ----- Original Message ----- 
>>  From: Endang Tatan 
>> 
>>  Wilujeng enjing deui kang Toni sareng kang Nzie, oge 
>>kumna kasadayana Wargi warung Gl..
>>  mangga di lajeng deui kang Toni.. panginten ayeuna mah 
>>warungna teu icalan pisang goreng nya.. kana naon atuh 
>>ayeuna icalanana ??
>> 
>>  tatan
> 
> ===========================================================================================
> "Dapatkan hadiah utama sebuah sepeda motor, dengan 
>mengikuti
> Netkuis Ramadhan TELKOM Jakarta di 
>http://netkuis1.plasa.com/jakarta/ramadhan";
> ===========================================================================================
> 
> 
> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
> 
> 
> 
> Yahoo! Groups SponsorADVERTISEMENT
> 
> 
> ---------------------------------
> Yahoo! Groups Links
> 
>   To visit your group on the web, go to:
> http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/
>  
>   To unsubscribe from this group, send an email to:
> [EMAIL PROTECTED]
>  
>   Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! 
>Terms of Service. 
> 
> 
>               
> ---------------------------------
> Do you Yahoo!?
> Yahoo! Mail Address AutoComplete - You start. We finish.

===========================================================================================
"Dapatkan hadiah utama sebuah sepeda motor, dengan mengikuti
Netkuis Ramadhan TELKOM Jakarta di http://netkuis1.plasa.com/jakarta/ramadhan";
===========================================================================================


------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
$9.95 domain names from Yahoo!. Register anything.
http://us.click.yahoo.com/J8kdrA/y20IAA/yQLSAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke