Naha anu leres wanoja Sunda seueur ano egois? ah abdi mah teu percanten. Oge naha posesif? Upami posesif naha tiasa nepikeun ka cerai? Biasa-biasa wae ah..saur abdi mah, mung memang wanoja Sunda mah perfectionist panginten, tah aya deui istilah ieu. Dina rumah tangga hoyong sagala sampurna..kitu panginten....Tapi upami salakina anu berfirki positif mah sugan moal cerai, eta mah salakina cunihin we meuereun.....
He..he..duka ah...ieu ceuk pamikir kuring. Jalak (anu moal cunihin..karunya) --- Oman Abdurahman <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > Dina pamungkas wacana ngeunaan sajarah, kacindekana > teh unina > kieu: "Sajarah mah kumaha anu arek di tulis ku urang > bae". Hal eta > teh sabab dina satiap kahirupan, tangtu bae aya anu > alus jeung aya > anu kurang pantes. Pon kitu deui dina hal Wanoja > Tatar Sunda. > > Upama anu arek digegedekeun tur diabadikeun jadi > ajen inajen anu > diwariskeun ka generasi anu neruskeun urang teh > hal-hal sarupa kitu, > yen wanoja Tatar Sunda teh posesif jeung egois (bari > sabenerna hal- > hal anu bieu teh heunteu leupas tina interpretasi > anu nepikeunna/ > bias tea), nya anu hal eta anu baris jadi > ajen-inajen (penanda) > budaya Tatar Sunda teh (dina lebah dieu: karakter > wanojanya). > > Naha matak naon atu anu digegedekeun teh lain > aranjeunna wanoja > anu "berprestasi" alias istri binangkit tea?" Apan > teu kurang di > Tatar Sunda, ti baheula nepi ka ayeuna, seueur > wanoja picontoeun. > Upamana bae : Rd. Dewi Sartika, Ma Eroh, Ma Ecot, Ma > Ageung, Ibu... > (anu nyiptakeun bedak Saripohaci), para > doktor/insinyur anu ngajar > di paguron-paguron luhur di Bandung jeung jakarta, > jeung tempat > sejenna, istri gubernur jambi anu sakitu > dipikacintana ku masyarakat > jambi, jrr deui anu tepi ka ayeuna tacan aya catetan > khususna > (kalebet Teh Netty, Teh Tati, Teh Neni, jjrd, anu > luas ngambah > sagara ngumbara di nagri dengeun bari tetep > renggenek dina budaya > aslina, oge nu sanesna) > > "Panonna nu salah mah, kana tv bae"...hehehe, bari > anu didago-dago > teh ngan warta celebritis bae, heunteu pisan hayang > ningalian nu > sanesna. TV-na deui, lolobana ngan ukur warta > samodel kitu deuih, da > eta, narik iklanna matak uruy (munasabah atuh lamun > Pa Menteri > Pertanian urang ayeuna geus lila cenah teu boga > jeung tara ningal TV > urang). > > Sajarah atawa kabudayaan akhirna mah, taya lian, > iwal ti ajen-inajen > naon anu ku urang hayang ditepikeun ka masyarakat > jeung generasi > saterusna. Anu nepikeun model tadi, nya ngan ukur > tepi kadinya ajen > inajen budaya anu aya dina sajeroning sirahna teh, > pangapunten. > > Ngeunaan posesif, pananyana bisa dibalikeun: "Ku > naon nya lalaki > sejen teh bet resep ka wanoja-wanoja Sunda, boh > gadis atawa > patilasan nu sanes?". > > cag heula, > manAR > > > --- In [EMAIL PROTECTED], "okalaksana" > <[EMAIL PROTECTED]> > wrote: > > > > Aya nu matak nyeuri nalika rerencangan orang Jawa > naros > kieu. "Naha > > ari Wanoja sunda teh posesif jeung egois?" dumeh > di Infotainment > > artis Sunda seueur nu nyuhunkeun cerai (Desi, > Alya, Dewi Yull, > Reza, > > Nicky, Dina Lorenza) sareng nu ngarebut salaki > batur (Hetty kus > > Endang, Tri Utami , Itjeu Tresnawati). Kumaha atuh > kudu dijawab. > > Sanajan sampelna salah tapi pami di Tipi unggal > dinten disangki > eta > > teh karakteristik populasi. > > > > ===== Sumedang Tandang Nyandang Kahayang ________________________________________________________________________ Yahoo! Messenger - Communicate instantly..."Ping" your friends today! Download Messenger Now http://uk.messenger.yahoo.com/download/index.html ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> $9.95 domain names from Yahoo!. Register anything. http://us.click.yahoo.com/J8kdrA/y20IAA/yQLSAA/0EHolB/TM --------------------------------------------------------------------~-> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

