Catetan tambahan:
Disawang tina logika oge statement anu tadi, yen wanoja Sunda posesif jeung egois, salahna kaharti pisan. Sabab hal eta disimpulkeunna (contona) ukur tina sababara sampel, kitu oge para artis. Bayangkeun bae. tina hiji, dua tepi ka 5 artis "induksi" dilakukeun, tepi ka dicindekkeun artis-artis anu disebut teh ngawakilan wanoja Sunda. Di dieu aya fakta anu dikorupsi, aya data anu kurang. Memang metode induksi geus mawa cacat ti kodratna, tapi lebah dieu mah kakuranganna teh teu bida dihampura, sabab gede teuing manipulasina. Naha kumawani pisan anu ngaluarkeun pamadegan diluhur teh geus nyaruakeun yena para artis anu disebut teh eta (wawakil) ti wanoja Sunda? Naon alesanna? Kumaha metode anu digunakeunna tepi ka dicindekkeun sarupa kitu? kasalahan logika atawa manipulasi logika- karek disebut-sebut kamari ieu-memang kajadian dina kahirupan sapopoe. Bahaya, upama urang heunteu sadar-sadar kana eta kanyataan. cag, manAR --- In [EMAIL PROTECTED], durahman <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > Tuesday, November 2, 2004, 1:06:00 PM, Oman wrote: > <My answer at the bottom of this page> > > > Naha matak naon atu anu digegedekeun teh lain aranjeunna wanoja > > anu "berprestasi" alias istri binangkit tea?" Apan teu kurang di > > Tatar Sunda, ti baheula nepi ka ayeuna, seueur wanoja picontoeun. > > Upamana bae : Rd. Dewi Sartika, Ma Eroh, Ma Ecot, Ma Ageung, Ibu... > > (anu nyiptakeun bedak Saripohaci), para doktor/insinyur anu ngajar > > di paguron-paguron luhur di Bandung jeung jakarta, jeung tempat > > <My answer> > > tAH, lolobana urang sok kitu atuh. Nu katingali teh nu teu alusna > wungkul. Jarang anu wani ngaku kaleuwihan batur. Nu matak aya > pribahasa kieu oge meureun; > > "Semut di seberang lautan kelihatan > Gajah di pelupuk mata tidak kelihatan" > > "Halodo sataun leungit ku hujan sapoe" > > > > NB: > Nuhunkeun koreksina bilih aya tulisan sim kuring anu lepat > (Please, correct me if i'am wrong) > -- > Best Regard, > DURACHMAN (mailto:[EMAIL PROTECTED]) > http://www.geocities.com/dur74/ > http://sg.briefcase.yahoo.com/dur74 ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> $9.95 domain names from Yahoo!. Register anything. http://us.click.yahoo.com/J8kdrA/y20IAA/yQLSAA/0EHolB/TM --------------------------------------------------------------------~-> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

