Ngalanana di Flores teh meunang dua taun ti taun1992
nepi ka 1994, enya rada kaubek ti mimiti tungtung kulon (Labuan Bajo) nepi ka
tungtung wetan (Larantuka), kitu deui waktu kajadian aya lini dina bulan Des
1992 nu korbana aya kana rebuan di Pulau Babi Maumere, harita kuring keur di
Ende, pamajikan mah ampir sabulan teu wani sup ka imah da
singsieuneun kumaha rasana ku lini dina kakuatan 6.8 Richter, dina tenda we
di buruan.
Alam
Flores rada beda jeung di Jawa, komo jeung di TS mah, di Flores babatuanana asa
leuwih loba, kars, gamping cadas, batu teuas siga batu kali ge aya di palebah
Ende, komo beuki deukeut ka Larantuka dina gawir jeung hunyur teh rarentul batu
batu galede, malah kuring mah nyebut teh daerah peternakan batu,
Dongeng jeung mitosna loba, kaasup carita carita
mistis, nu sering dipakaitkeun jeung Danau Kelimutu Danau Tiga Warna
tea.
Kulantaran daerahn berbatu kars, sigana lamun
disaliksik bakal loba kapanggih guha, ngan nyakitu bakal kacida rumpilna,
pangalaman kuring ngabaladah lahan pikeun nyieun tempat keur menara transmisi
radio ge kacida hesena, bulat beulit malum kudu neangan nu rada rata jeung "line
of site" ka munara nu sejena.
Hanjakal kuring harita teu pati merhatikeun carita
carita sual Ebu Gogo, boa boa enya aya keneh dikieuna...!
MSas
-----Original Message-----Pangangguran ngakurkeun papanggihan ieu jeung seratan P. Wangsakerta
From: kumincir [mailto:[EMAIL PROTECTED]
Sent: Tuesday, November 02, 2004 4:02 PM
To: [EMAIL PROTECTED]
Subject: Re: [Urang Sunda] Re: "Jelema Pendek" ti Flores
(na buku Pa Yoseph Iskandar):
Kasebut oge yen aya manusa leutik di Pulo Jawa, hirupna kira 50 rebu
nepi ka 20 rebuan taun memeh Saka, nu terus punah alatan binasa ku
manusa nu daratang ti Kaler. Ari hasil panalungtikan fosil mah,
hirupna teh kira 18 rebu taunan. Jeung deuih, Ebu Gogo nu disebut2 ku
Urang Flores mah hirupna teh nepi ka jaman kiwari, sahanteuna nepi ka
abad ka-15 M. Malah saha nu nyaho spesiesna aya keneh di kieuna,
nyumput.
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
| Yahoo! Groups Sponsor |
| Get unlimited calls to U.S./Canada |
Yahoo! Groups Links
- To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.

