Wilujeng siang kang Tirta
Hatur nuhun gening seueur manfaatna janten anggota Us nambihan pangalaman oge
tiasa pendak sareng baraya US anu aya disuklakna-disiklukna janten seueur baraya.
Mung hapunten yeuh ari Caledonie mah tebih deui ti France, muhun eta oge ari pusat
pemerintahanana aya di Perancis bahasa sadidintena oge nganggo basa Perancis tapi
ari wewengkona mah aya di wilayah samudra Pacifique ari saur basa urang mah naonnya
koloni panginten, janten Caledonie mah teu tebih ka Austalia. Upami hiji waktos akang
sakulawargi hoyong amengan ka dieu moal disasaha mangga di antos.
cag,
lilis
Tirta widjaja <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Tirta widjaja <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Alhamdulillah kaabsen deui US di LN, ah abdi mah masih cita-cita napak di Perancis teh....Hanjakal pisan sasih kamari teu acan manca kaki, pun bojo (US) aya dines ka Belanda, atuh 3 dinten kantos ka Perancis...ngan eta teu genah cenah loba culang cileung teu aya nu kenal ....Ari pun bojo jalan2 ka Perancis teh pedah we panasaran, sim kuring teh meni berambisi pisan cenah hayang nyakolakeun budak di Universitas Sorbonne (bongan sim kuring maca biograpi Priatna Abdurrasyid nyambit2 Perancis bae). Nuhun teh, mugi ditangtayungan ku Gusti diidinan kopdar di Perancis......TCW
LILIS lilies <[EMAIL PROTECTED]> wrote:Haturan teh Tati, kang Tirta da abdi oge ayeuna nuju ngumbara tebih ti lemburtapi didieu oge aya baraya ti sunda tapi teu seueur, nya kitu upami nuju sonoka lembur sok pada janjian kempel di si anu asa teu nunggelis teuing tebih ti lembur.Abdi ayeuna nuju aya di Caledonie hiji nagara alit wilayah Perancis.Upami teh Tati nuju aya dimana ayeuna?Baktosteh lilis
tati eric <[EMAIL PROTECTED]> wrote:Kang Tirta,Numutkeun simkuring mah, kumaha jalmina.....heunteu epes meer sadaya....Seueur oge US di pangumbaraan, simkuring ngalaman ngalih teras hirup di sababaraha tempat terpencil di luar pulau jawa, oge di sakuliah Asia Tenggara ..... aya wehh US teh geuning , mun teu ka sebat hungkul,. sigana mah eta teh pedah US mah teu patos resep nonjolkeun diri....., naha nya kirang PD kitu ?......, kadang abdi mah sok isin nyalira mun maca seratan US teh., ..sok...handap asor... merendahkan diri , ..... damel di tempat sae nyebatna ..buburuh macul........,...atuh simkuring mah sok jadi isin nyalira. Maklum pangangguran, naon istilahna nya kanggo pangangguran....he he he , kumaha upami aya Bapak tani anu ngiringan milist ?.Kitu oge ayeuna di LN... , geuning Alhamdullillah tiasa patepang sareng sababaraha US anu tos ngajrek puluhan tahun (tos janten warga USA), tapi eta bahasa sundana meni antebbbbbbbbb,.... edun .... aya nu asalna ti Leuwi Munding Sumedang, aya nu ti Cisayong Tasik ? mung leres oge, urang manado mah tos rada kasohor seueur pisan kelompok na teh, langkung menonjol. Mung US di dieu tos tara aruih ka TS da ti minantu sareng incu na oge tos janten warga didieu.Eleh weh simkuring mah nu karek oge ninggalkeun bandung sabaraha sasih kapengker, bahasa Sunda simkuirng mah estuning garihal pisan.Baktos,TatiPunten pisan,.. upami seueur bas anu teu merenah,...
Tirta widjaja <[EMAIL PROTECTED]> wrote:Sim kuring masih inget keneh basa munggaran ka LN eta beuratna hate, enya asa teu bisa lesot ka lemah cai teh....cipanon nyurucud siga rek moal balik deui, padahal mah ngan keur sabulan. Tapi kanyataanana memang langki pisan nepangan US di LN nu loba mah urang batak jeung manado. Eta gambaran "makro" na. Atuh gambaran mikrona contona di Depkeu Kanwil Jabar...nu jadi pingpinan teh da seler sejen, kusabab US mah mending teuleum di Bandung asal teu dimutasi ka luar TS/Jawa, jadi we nu naraek teh seler sejen. Duka tah DPR, DPRD di tatar sunda keuna ku pola ieu???Hiji hal nu sok nyentug hate teh mun ningal iklan kapal Phinisi....lila-lila bisa ngubah "imej/citra" yen nagara bahari nusantara teh ngan urang bugis makasar wungkul. Teu kabayang kuatna armada bahari Sriwijaya, Majapahit...Dina hal ieu sim kuring ngubek2 Gramedia jeung ka Museum Nasional, hayang pisan aya bahan nu nunjukkeun yen Padjadjaran ge boga armada bahari (aya kidulur nu gaduh dokumentasina??). Kantos sim kuring rek "ngalarung" ari-ari anak lalaki kuring...cenah mun ngalarung teh bisa boga sipat gede wawanen ngalanglang dunya. Ngan rencana teh teu jadi da kaburu geunjleung. Antukna cekap diajak ka basisir sina ngadangukeun jelegurna 7 umpak ombak Cipatujah....teu aya modelna nu kieu mah ngan harepan mah barudak teh sing teuneung gede wawanen.Tah kitu carita singkat ti sim kuring, duka para wargi aya pangalaman nu sanesna? Ari sim kuring mah hayang pisan babarengan ngabahas & ngadungdengkeun pikeun narekahan "solusi" nu nyata (real/apllicable) sipat-sipat nu sok ditempelkeun ka US, antarana:1. Epes meer, ipis wawanen (kasus santri Aa Gym di Cimahi salah sahiki potretna??)2. Ngagelung ka indung, teu wani kaluar ti TS (kasus Depkeu, di instansi sanes??)3. Si kabayan....ciri nu disanghareupkeun negatip, daria/resep ngabodor teh ciri US pikeun nyingcet tina tanggungjawab/teu teges nyanghareupan masalah, kadang mah "imej"na ciri strata masyarakat titaheun! (dianggap kawas Srimulat??)
SalamTCW
Do you Yahoo!?
Check out the new Yahoo! Front Page. www.yahoo.com
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
Cr�ez gratuitement votre Yahoo! Mail avec 100 Mo de stockage !
Cr�ez votre Yahoo! Mail
Le nouveau Yahoo! Messenger est arriv� ! D�couvrez toutes les nouveaut�s pour dialoguer instantan�ment avec vos amis. T�l�chargez GRATUITEMENT ici !
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
Yahoo! Messenger - Communicate instantly..."Ping" your friends today! Download Messenger Now
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
Cr�ez gratuitement votre Yahoo! Mail avec 100 Mo de stockage !
Cr�ez votre Yahoo! Mail
Le nouveau Yahoo! Messenger est arriv� ! D�couvrez toutes les nouveaut�s pour dialoguer instantan�ment avec vos amis. T�l�chargez GRATUITEMENT ici !
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
| Yahoo! Groups Sponsor |
| Get unlimited calls to U.S./Canada |
Yahoo! Groups Links
- To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.

