---- Urang bewarakeun ka komunitas US diluar milis, urang sebarkeun ka balarea supaya jadi kayakinan. Idealna kudu jadi karakter, ciri jati diri US. Mun ayeuna waranoh: "naon ciri urang bugis/makasar? pelaut ulung!!" engke keur US mah: "naon ciri US?: gede wawanen tandang makalangan!!" (poma ulah dicirikeun ka tukang kiridit wungkul! -:))
Perkawis Pa Priatna Abdurrasyid (anggota KPK kapungkur anu ti Cilampeni tea sanes?), asa hoyong dipangdongengkeun lah, Kang...Jigana lalakonna seueur tuladaneunana...
--- nu jadi tuladan keur sim kuring anjeuna teuneung jeung ajeg ka pamadeg ti waktu berjuang/ perang fisik, jaman ngawangun/jaksa agung muda; guru besar hukum int'l (ti FH Unpad kualifikasi Sorbonne); diplomat int'l. Nu asa hese katarekahan ku sim kuring mah panguasaan/paseh bahasa: Inggris, Perancis, Belanda, Jerman!
Sim kuring reueus pisan ku terbitna biograpi tokoh US antarana: Priatna Abdurrasyid, Mochtar Kusumahatmadja, Otto Iskandardinata - si jalak harupat,Iwa Koesoemasoemantri, Ir. H. Juanda.
Kedah na mah dirangkum karakter, ciri jati diri tokoh2 US teh pikeun tuladan jeung numbuhkeun karakter US.
salam
TCW
Cat: Naha aya biograpi Dipati Ukur, LLRE Martadinata, Syafruddin Prawiranegara?
Yahoo! Messenger - Communicate instantly..."Ping" your friends today! Download Messenger Now
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
| Yahoo! Groups Sponsor | |
|
|
Yahoo! Groups Links
- To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.

