he he he, rada sesah jigana kang oman milarian padanan
kecap 'digital' ku basa sunda mah. naha 'hiji-enol'
kitu. heureuy ketang. 

muhun jigana mah kitu, peryogi dipadungdengkeun nalika
kongres. ari anu sadia gawe bareng mah geuning tos
seueur anu sadia. upama nilik postingan kang tantan,
rupina mah kusnet (perceka) kedah aya rekomendasi
pemda jabar, supados tiasa lancar urusanana. panginten
kang oman tiasa ngararancang proposalna. 

salam,
mh


--- Oman Abdurahman <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

> 
> Kang Hasan oge para wargi sadaya,
> 
> Sae pisan ieu emutan bade ngadigitalkeun (cikan
> pilarian pisundaeuna 
> ieu istilah "digitalisasi" teh) naskah Sunda. Insya
> Alloh ieu tehy 
> baris jadi hiji "masterpiece" hasil urang ngumpul
> sareng alewoh 
> ngobrol di alam maya. Insya Alloh sim kuring bade
> ngarojong, boh 
> dina hambalan program (kalebet ngaringkelkeun
> indikator jeung 
> ambahan /lingkup pagaweana) atawa nasakahna (anu
> parantos diserat-
> ulang). Pikeun maheutkeunna pisan mah sae ieu jejer
> jadi bahan 
> wangkongan dina pajemuhan Cimalati engke.
> 
> Digitalisasi naskah kuno kasundaan kalintang baris
> ngarupakeun hiji 
> sumbangan anu ageung ajenna kana konservasi jeung
> pangwangunan 
> kabudayaan. Nya ieu salah sahiji kagiatan atawa
> program tina 
> Strategi Kabudayaan (SK) Tatar Sunda teh. Sabab,
> salah 
> sahiji "kakurangan" dina widang budaya teh taya lian
> ti kurangna 
> arsip jeung perkara mulasarana ngeunaan naskah kuno.
>  Jeung ari 
> naskah kuno teh kalebet widang humaniora anu
> ngarupikeun rekaman 
> hasil kabudayaan (kreativitas enggoning ngigelan
> jeung ngigelkeun 
> jaman) hiji bangsa  nurutkeun ruang
> (geografis-geopolitis) jeung 
> waktu. Hampura, rada noroweco lebah dieu teh bane
> bae tutas maca 
> bukuna Kang Saini K.M (Krisis Kebudayaan).
> 
> Saleresna, nya sarupi jejer ieu "positioning" anu ku
> urang tiasa 
> dikukuhkeun nyoko kana ugeran sdm anu aya. Jembarna,
> kumaha potensi 
> SDM Kusnet/YP dina ngawangun kabudayaan jero alam
> kakiwarian, alam 
> anu keur nyanghareupan masalah-masalah anu mucunghul
> tina tantangan 
> jaman globalisasi (ti luar) jeung otonomi daerah (ti
> jero). Pasoalan 
> sarupa rebutan cai antara Kab. Kuningan- Kota/Kab.
> Cirebon, 
> titinggal sajarah anu kaancam ku pangwangunan waduk,
> jst diantara  
> masalah-masalah bieu. Kusnet atawa YP pantes jeung
> Insya Alloh tiasa 
> maparinan bongbolongan kanggo tiap Pemda di Jabar,
> boh dina hambalan 
> konsep atawa praktis (sapertos ngadamel proposal).
> Kantun prung, 
> dikawitan ku madungdengkeun heula kumaha
> lengkah-lengkahna.
> 
> Bral tandang.
> bakstosna,
> manAR
> 
> --- In [EMAIL PROTECTED], mh
> <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> > kamari sore bada buka, aya obrolan kuring nu
> direspon
> > ku kang tirta sareng kang akos. tah aranjeuna
> sadia
> > ngabantuan perkara 'digitalisasi' naskah sunda
> saperti
> > nu ditepikeun ku kuring. nu katempo ku kuring
> jigana 
> > kieu. perceka nyieun program kerja pikeun usaha
> > dokumentasi naskah sunda anu aya dimana wae.
> jigana
> > kang oman sareng pupuhu perceka tiasa nyusun
> program
> > gawena. saterusna nya nyieun tim kecil pikeun
> usaha
> > eta. misalna, aya volunteer warga kusnet komisi
> > jakarta anu ditugaskeun pikeun maluruh arsip
> pustaka
> > sunda nu aya di perpustakaan nasional. 
> > 
> > kalompok lainna, meureun perlu editor. sabab
> biasana
> > hasil scanner teh sok loba error anu perlu
> dikoreksi.
> > keur tugas ieu pan loba balad kusnet teh. boh di
> gank
> > leboy atawa di kusnet oge. nya bari ngobrol ngaler
> > ngidul di gank leboy, sakali-sakali ngedit naskah
> > hasil scanner. 
> > 
> > saterusna eta naskah hasil editing, urang
> kumpulkeun,
> > terus publikasikeun di internet. pan loba ieuh
> hosting
> > gratisan puluhan mega nu bisa dimangpaatkeun.
> > kira-kira jiga proyek guetenberg tea. tah ieu
> pagawean
> > mah cocok keur urang kusnet anu rada ngarti
> komputer.
> > asana teu saeutik balad kusnet nu ngarti komputer
> teh.
> > 
> > tah sakitu heula, cangkeul ngetikna. engke
> > diteruskeun.
> > 
> > salam,
> > mh
> > 
> > --- kumincir <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> > 
> > > Tah-tah... geuning aya sinyal hade yeuh... ampir
> bae
> > > surelekna
> > > kasingsal ku nu murudul...
> > > Di antawis baraya di dieu aya teu nu kungsi
> midamel
> > > nu sapertos kieu,
> > > nu ti jurusan sastra sugan... Nyi mPup terang
> teu,
> > > sanes baladna Pa
> > > Undang A. Darsa?
> > > * Proposalna mah, panginten tiasa ditakel atas
> nami
> > > Yayasan Perceka
> > > (kinten2 tiasa teu, Uwa?)
> > > * Alat2na, kayaning komputer, scanner &
> kalengkepan
> > > nu sanesna, ti
> > > mana yeuh kinten2na?
> > > * Tanaga, saha bae yeuh nu kinten2na tiasa
> babantos
> > > dina prungna di
> > > PerpusNas? Utamana masalah waktu nu bakal
> bantrok
> > > jeung kasibukan
> > > masing2, diutamankeun nu di Jakarta panginten.
> > > * Markas, sugan rada gampil jigana perkawis ieu
> mah.
> > > Di kamar
> > > kontrakan kuring ge bisa lah sare patejeh-tejeh
> > > mah...
> > > 
> > > -- 
> > > kumi
> > > 
> > 
> > 
> > 
> >             
> > __________________________________ 
> > Do you Yahoo!? 
> > Check out the new Yahoo! Front Page. 
> > www.yahoo.com
> 
> 
> 
> 



                
__________________________________ 
Do you Yahoo!? 
Check out the new Yahoo! Front Page. 
www.yahoo.com 
 



------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
$9.95 domain names from Yahoo!. Register anything.
http://us.click.yahoo.com/J8kdrA/y20IAA/yQLSAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke