Dipikir-pikir, pamarentah, nu marentah oge tempat marentah ayana di tatar sunda, ti baheula ngan saukur kabagean wakil presiden (Umar Whk), jeung Perdana Menteri ( Ir H Juanda) ngan eta meureun anu sempet dibere tempat di pamarentahan. Hayoh jeung hayoh bae urang wetan jeung urang sabrang. Kunaon jeung kunaon ;

1. Urang sunda kabeukina lalab, jadi leuleus liat, teu boga daya tempur anu kontinyu jeung sok guminter sorangan, geus ngabatu ti baheula tara daek nepotisme,  Ieu teh hade pisan ngan dina praktekna kudu dipilah antawis nepotisme jeng guyub sabab mun sabeungkeutan dina berjuang tangtos gampang menangna.

2. Urang sunda sopan jeung bageur teuing, dileyek oge tara ngalawan, gampang dipangaruhan sok leupas tina pamadegan., mangkana dina gerakan politik naon bae kuatna di jawa barat pikeun dijadikeun basis.    Urang sunda gampang dijadikeun tandon, tapi tempona ngawasa ditaringgalkeun.

Ayeuna geus waktuna ngarubah pamadegan dimimitian ku elmu saluyu jeung talatah kolot urang;

1. Elmu Luhung Kasakti Diri

2. Taya Sobat Nu Sajati, Iwal Ti Pangarti,

3. Mun Teu Ngakal, Moal Ngakeul.

Jadi ngahijina urang sunda kudu dimimitian ku pangarti, insyaalloh 10 tahun kahareup salah sahiji anggota milis ieu pasti aya nu jadi presiden.

Buddy

 


 

\
\\ Dapatkan email GRATIS dari
\\\ FarmasiNet
\\\\ http://www.farmasinet.com
\\\\\


Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id



Yahoo! Groups Sponsor
ADVERTISEMENT
click here


Yahoo! Groups Links

Kirim email ke