Kang W,

claim US ka hiji Nini Anteh,
claim anu kadua ti Kang Setiawan ti Jepun. Kieu cenah tah...he he he


Bulan katukang aya kiriman galura ti baraya di Bdg, lamun teu salah 
aya oge nungabahas samagaha versi dongeng jaman 
Mundinglaya..pajajaran.........ngeunaan soal bulan ieu teh jadi 
tempatna mundinglaya
cenah basa ngelehkeun guriang tujuh di jomantara...sok wae kuring 
elehkeun..ngan kudu jangji daek ngurus bulan.....tiharita cenah 
bulan teh jadi pangulinan Mundinglaya...malah cenah kunyaahna ka 
bulan..
waktu menta hayang aya batur dibulan,...nyadigugu..ngan saratna 
kujalma anu sok ceurik peuting...
tah waktu turun deui kadunya...pas daerah banjar patroman meureun 
ayeunamah..da cenah didinya dayeuhna pajajaran teh.......atawa anu 
deukeut daerah karang kamulyan..tempatna ciung wanara....anu bakal 
jadi cikal bakal karajaan di jawa...khususna ka pajajaran jeung 
majapahit.............
Barang turun teh aya cenah nini keur ceurik..nya ditanya..kunaon 
ceurik nini teh.......jawabna ucing anu dipikanyaahna lumpat 
kabur..ngan teu kapanggih lantaran poek....lamun eta ucing beunang 
naon buruh nini ka kuring ..ceuk mundinglaya....sok beunangkeun 
engke nini rek nurut kana kahayang ujang...
cenah dina eta carita....nya menta tulung ka bulan sok geura melong 
daerah ieu cenah ulah malik wae ka luhur.........kajadiana aneh eta 
daerah caang pisan...ahirna ucing oge kapanggih...........nya 
tiharita eta lembur oge jadi aya ngarana patroman....alatan caang 
pisan....
Tiharita...ucing jeung sinini dibawa kabulan...sakaligus jadi 
paranti ulin Mundinglaya..........
sanggeung kota pajajaran aman tina karaman ku munding 
laya..dibejakeun yen boga nagara leutik anu caang nyaeta di luhur 
deukeut panonpoe.....nya tiharita jadi we bagian 
pajajaran...khususna anu ngurus ngan mundinglaya wungkul...
Tah lamun ceuk ieu dongeng enteng mah..berarti nu boga bulan teh 
urang pajajaran....
jadi lamun tea rek ngayakeun naon-naon di bulan..atuh kudu menta 
idin heula ka pajajaran....cenah sakurang-kurang aya ijin ti urang 
sunda....paling heunteu diwakilkeun kaurang sunda anu aya di NL 
sugan....sanes kitu kang........
Cag ahhh.......





------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
$9.95 domain names from Yahoo!. Register anything.
http://us.click.yahoo.com/J8kdrA/y20IAA/yQLSAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke