pun, sapun kula jurungkeun
         mukakeun turub mandepun
         nyampeur nu dihaneuleumkeun
         teundeun poho nu bareto
         nu mangkuk di saung butut
         ukireun dina lalangit
         tataheun di jero iga!

kitu ceuk ki juru pantun, dina bubuka 'carita pantun
ngahiyangna padjadajaran'. ngahaja nyutat eta naskah
keur panginget-nginget ngarah teu kapopohokeun. sugan
we rencana 'digitalisasi' naskah sunda, jiga 'mukakeun
turub mandepun' ceuk ki juru pantun tea.

neruskeun rencana digitalisasi tea. nepi ka danget ieu
nu katitenan ku kuring aya tilu cara nu biasa dipake
pikeun digitalisasi naskah heubeul. diantarana
transfer naskah jadi:

1. file dokumen (word, text) make OCR
2. file gambar (bmp, jpeg, dst)
3. file PDF

cara ka hiji hasilna fleksibel gampang dimodifikasi
jadi format naon wae. tapi prosesna renced, perlu
waktu lila, kudu digawekeun ku sorangan, hese
digawekeun babarengan. cara kadua prosesna cepet, tapi
perlu ruang simpen nu gede, sarta teu fleksibel hese
dimodifikasi jadi format sejen. cara katilu sineger
tengah. bisa digawekeun paralel babarengan jeun nu
lian, sarta siap dipublikasikeun. ngan masih keneh
fleksibel sabab hese dimodifikasi ka format lain. 

sabenerna aya cara kaopat, anu paling taliti, nyaeta
cara 'tak tik tuk' alias diketik ulang. ieu oge aya
kakurangana lamun digawekeun babarengan, kabeh kudu
boga salinan citakna. 

jigana cara anu cocok, gabungan antara cara katilu
(file PDF) jeung metode 'tak tik tuk'. cara ieu punjul
ti nu lian, sabab bisa digawekeun babarengan. prosesna
bisa digambarkeun jiga kieu:

                   naskah
                     |
                    (1)
                     |
                  file PDF
                 /   |   \
                /   (2)   \ 
               /     |     \ 
         file DOC  file DOC file DOC
             |       |       |
            (3)     (3)     (3)
             |       |       |
         file DOC  file DOC file DOC
             |       |       |
              \     (4)     /        
                ---  |  --- 
                     |
                   FINAL
            (file PDF, LIT, HTML)

proses ka-1, bisa digawekeun ku baraya nu aya scanner.
aya sababarah program nu bisa dipake alat bantu. keur
gawe ieu cukup ku saurang.

proses ka-2, bisa digawekeun ku saha bae. tugasna
transkripsi ulang file PDF jadi file DOC (word) atawa
TXT (notepad). ieu pagawean perlu dibagi-bagi ka
sababaraha urang.

proses ka-3, bisa digawekeun ku saha bae. tugasna
ngoreksi hasil proses kadua, ngabebener perkara ejaan,
sintaksi kalimah, tanda-tanda bacaan, jeung sajabana. 
pagawean ieu oge perlu dibagi-bagi ka sababaraha
urang.

proses ka-4, bisa digawekeun ku saha bae. tugasna
ngadesain format dokumen jadi pdf, lit, html, jeung
sajabana. nu ieu cukup ku saurang, dua urang anu
minat.

tah kitu kira-kirana baraya, rarancang proses
digitalisasi tea. meungpeung bulan puasa, hayu urang
mimitian. dongeng saterusna engke diemailkeun deui.

salam,
mh

                


                
__________________________________ 
Do you Yahoo!? 
Check out the new Yahoo! Front Page. 
www.yahoo.com 
 



------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
Make a clean sweep of pop-up ads. Yahoo! Companion Toolbar.
Now with Pop-Up Blocker. Get it for free!
http://us.click.yahoo.com/L5YrjA/eSIIAA/yQLSAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke