Edun, lain bohong yeuh jawara ti Leuwigoong teh...

Hoyong nambihan sakedik ah...

Nu kaalaman, hasil mindai (nyek�n, moal make mikrofilm jigana mah)
naskah heubeul (citakan asli atawa salinanana) can tangtu bisa
langsung dikerik teksna terus dipindahkeun kana program pangolah kecap
(word processor, heuheu...). Kusabab kitu aya hadena ieu proyek teh
dipidamel dina sababaraha tahap.

Tahap ka-1: anu patali jeung pihak luar, nyaeta nyalin naskah asli
kana harddisk (jigana hade langsung bae dijadikeun koropak pdf). Mun
di Perpusnas tea mah nya di dinya ngeureuyeuhna, dipigawe dina alokasi
waktu sarta tanaga nu husus. Mun bari nyambi mah jigana kurang hade,
sabab dina tahap ieu urang migawe di tempat batur. Tanagana, paling
henteu kudu aya dua urang "onsite".

Tahap ka-2: ngolah hasil kasar kana format samenterus/ahir, nu dina
prak-prakanana bisa kabagi jadi sababaraha hanca. Dimimitian ku
ngeprak Kusnet sabalab-balad (anu aya waktos tangtosna) ge hade, ambeh
tereh rengse. Hasilna teras dipasrahkeun ka TIM EDITOR kanggo marios
eusina. Pami eusina tos leres, nempe finishing rupina mah.

Naskah2 digital nu dihasilkeun tina ieu gawe, teras didamel sababaraha
salinan (dina CD & harddisk). Kanggo publikasi, urang tembrakkeun bae
di sisi jalan, ambeh gampang katempo ku nu lalar liwat (di internet).
Mun salajengna urang aya kereteg pikeun nyitak ulang bukuna, kantun
ngemutan masalah hukumna panginten...

Sakitu bae heula...

On Thu, 4 Nov 2004 18:19:49 -0800 (PST), mh <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>         pun, sapun kula jurungkeun
>         mukakeun turub mandepun
>         nyampeur nu dihaneuleumkeun
>         teundeun poho nu bareto
>         nu mangkuk di saung butut
>         ukireun dina lalangit
>         tataheun di jero iga!

-- 
kumi


------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
Make a clean sweep of pop-up ads. Yahoo! Companion Toolbar.
Now with Pop-Up Blocker. Get it for free!
http://us.click.yahoo.com/L5YrjA/eSIIAA/yQLSAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke