Assalmu'alaikum Wr.Wb.
Hapunten! Kang Oman, Abah Willy + Baraya Kusnet Sadaya, abdi gaduh patarosan anu cumantel sareng Ikhtilafna para Shohabat Kangjeng Nabi Muhammad SAW (Sapertos Sayyidina Ali Sareng Muawiyah atanapi Sayyidina Ali sareng Siti A'isyah) Saleresna naon hikmahna? dugika silih perangan? sapertos teu aya deui jalan kaluarna?
 
Hatur-rebu-nuhun,
(Yoga Jatnika)
 
NB: Aya nu terang teu perkawis Buku anu ngeunaan "Perang Karbala"(B.Indonesia) penerbit/penjualna
 

Oman Abdurahman <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

Bah Willy oge baraya sadaya,

Sigana pasoalan kasalahan logika deui bae nya, Bah. Enya logika anu
enas-enasna mah teu beda ti sikep : "nyieun kahadean saloba-lobana,
kajeun teuing beayana hasil ngarampok oge". Atawa baheula aya
program ngawangun masjid pikeun tiap kabupaten (masjidna teh
mani "seragam" teh, make "icon" hiji budaya tinangtu) Yayasan Muslim
Amal Bakti Pancasila tea, bari anu dipaparinan masjidna teh heunteu
terang timana asal-usul eta beaya keur ngawangun masjid teh.
Ringkesna: "Pokona mesjid".

Sarua oge logika anu digunakeun lasykar FPI, memeres sumber ka-
"onar"-an (kana kahirupan agama), ku cara riributan, rada ngaharib
kana babasan "satali tiga uang". Padahal Islam-atawa sebut agama anu
mawa katengtreman heunteu kitu sajatina mah. Hayu urang ngilikan
sabagean tina sajarah kahirupan bagenda Syaidina Ali kw.

Dina perang Shiffin, peperangan antawis Syaidina Ali kw + waladna
anu satia ngalawan Mu'awiyyah anu ingkar tina papagon kaagamaan.
Ingkarna Muawiyyah parantos sakitu nembrakna, diantarana, Mu'awwiyah
ngabebaskeun maneh (bughot) tina pamarentahan sah Khalifah Syaidina
Ali kw anu diangkat sacara buleud ku masyarakat saba'da Khalifah
Syaidina Utsman bin Affan ra. Dina eta peperangan, salah sahiji
strategi Muawiyyah teh nyaeta miheulaan ngawasa sumber cai anu aya
di sabudeureun Shiifin (ngaran tempat medan pangperangan). Cai teh
sumber kahirupan anu heunteu kauger ku mangsa perang atawa tengtrem,
tetep kudu jadi sumber kahirupan sarerea.

Pasukan Muawiyyah sanggeus ngawasa sumber cai, heunteun maparinan
cai ka pasukan Syaidina Ali kw, dugi ka Syaidina Ali ngakhususkeun
heula pasukanna sangkan ngarebut eta hulu cai. Nya sumber cai teh
karebut ku Syaidina Ali kw jeung pasukanna. Nalika eta sumber cai
karebut, pasukan Muawiyyah nyuhunkeun cai da ngan eta-etana sumber
cai anu aya. Syaidina Ali kw-beda sareng Muawiyyah-heunteu
ngoretkeun eta cai ka sing saha bae anu merlukeun, boh ti pasukan
Muawiyya atawa ti pasukanna. Malah anjeunna ngagebes ka anggota
pasukanna anu ngahalangan pasukan Muawiyya akses ka eta sumber cai.

Tuladaneun urang dina eta kajadian teh taya lian ti moral tea. Yen
peperangan (atawa amar ma'ruf nahyi munkar tea) tetep peperangan,
tapi ari rasa kamanusaan mah ulah tepi ka luntur. Urang regepkeun
geura kasauran Syaidina Ali kw ka anggota pasukanna anu nganaha-naha
pedah hese beleke ngarebut cai ti musuh, tapi ari geus karebut deui
malah musuh teh dibere cai. Saur Syaidina Ali kw harita k.l kieu:"
URANG DATANG KA PANGPERANGAN IEU TAYA LIAN SEJA MERANGAN MORAL MUSUH
URANG ANU TEU LUYU JEUNG KAMANUSAAN, KUKITUNA UPAMA URANG AYEUNA
HEUNTEU MERE CAI KA MARANEHNA, ATUH MORAL URANG TEH SARUA BAE JEUNG
MORAL MARANEHNA".

Padundengan ngeunaan moral, agama jeung budaya tinangtu baris mawa
urang kana padungdengan anu leuwih filosofis (tapi sabenerna mibanda
implikasi praktis anu penting). Anu dimaksud, aya dina patarosan
ieu: "Mana anu kudu leuwih diheulakeun, kahadean atawa kaadilan?".

Cag heula.
Baktosna,
manAR   

--- In [EMAIL PROTECTED], "waluya56" <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>

> Maca wartos eta, kuring jadi hayang seuri kusabab geuningan jalmi-
> jalmi nu boga cita-cita memeres moral manusa teh leuwih ngacowkeun
> tinimbang anu henteu. Di dunya aya Presiden Bush anu gaduh moral
> sae, tapi akibatna dunya jadi kacow. Di Indonesia, aya laykar FPI
> jeung Lasykar lainna, nu sarua boga cita-cita memeres moral, tapi
> malah anarkia alias ngacowkeun oge!
>
> Oh ...... atasnama moral .....
>
>
> Baktos,
> WALUYA





Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




Do you Yahoo!?
Check out the new Yahoo! Front Page. www.yahoo.com
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id



Yahoo! Groups Sponsor
ADVERTISEMENT
click here


Yahoo! Groups Links

Kirim email ke